enya, baheula, basa samingguan deui rek sidang sarjana,1994,  si kuring 
mulang heula ka lembur. menta du'a ti indung bapa. tapi masih keneh 
geumpeur. padahal sidangna oge samingguan deui.
sugan kudu ditambahan du'ana ku para bibi jeung mamang. nya leumpang ka 
lemburna di suku gunung syawal.

leumpang ti lembur ngaler. ka lembur aki-nini ti bapa, terus ngaler deui, 
dibaturan ku adi sorangan jeung adi anak bibi, terus ngaler deui, beuki 
lila beuki nanjak. teu bebekelan ilaharna nu rek naek gunung. leumpang 
mapay-mapay lamping (kaki gunung). aya lamping lewang, ngan ukur sameteran 
titincakan teh, mun aya angin ngagelebug, komo mun make telebugna, lamping 
teh eundeur.  suku ki adi mah pinuh ku lentah, atuh leumpang teh teu bisa 
tereh, da nyabutan heula lentah nu napel na suku manehna.rada lila nepi ka 
puncak gunung syawal teh, da bari nenjo pamandangan nu endah pisan jeung 
kakakara kaalaman.

ari gunung syawal, dempet jeung gunung bongkok, teh lebahna di tengah 
kabupaten ciamis. beh kidul, cikoneng, kidul ngetan, ciamis, wetan, kawali, 
kaler panjalu.

turun pasosore, nepi ka pangrumasan, lembur pangtonggohna ti arah desa 
sukajaya-gunungcupu.
nepi ka imah deui peuting. basa mandi, leungeun karasa pareurih, urut 
kakeset ku eurih jeung dangdaunan sejenna nu kaliwatan muka jalan ka puncak 
gunung syawal.

isukna, balik ka bandung bari mawa hate teuneung ludeung siap sidang! 
enyaan, jadi teu geumpeur deui.





geocities.com/mangjamal 



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke