Atmakusumah Astraatmadja Wedal: Labuan, 20 Oktober 1938 Atikan: Perguruan Tinggi Publisistik (IISIP), 1957-1961 (tidak selesai)
Pelatihan/Kursus: - Business and Development Reporting Seminar, Southeast Asia Press Centre, Malaysia (1970) - Senior Editor Course, Editorial Study Centre, Thomson Foundation, Cardiff, Inggris (1971) - Advanced Study Course on Development Journalism, Press Foundation of Asia & UNFA-UNDP-UN Asian Institute for Economic Development and Planning, Bangkok, Thailan 1972-1973 Karir: - Wartawan, teras Redaktur Pelakana Harian Indonesia Raya (1968-1974) - Koresponden Antara di Melbourne, Australia, jeung Koeln, Jerman (1961-1965) - Redaktur Kantor Berita Antara (1965-1968) - Penyiar RRI (1966-1968) - Press Asistant USIS, Jakarta (1974-1992) - Direktur Eksekutif LPDS (1994-sekarang) Alamat Kantor: Lembaga Pers Dr. Soetomo Gedung Dewan Pers Jalan Kebon Sirih No. 34 Jakarta 10110 Telp. 345 9838 Atma (kitu anjeunna biasa disaur) lahir ti kulawarga birokrat. Ramana, Junus Astraatmadja, nyepeng kalungguhan pamong praja nu kungsi jeneng camat, wadana, sarta pajabat bupati di sababaraha wewengkon di Banten, Tangerang, jeung Bekasi. Najan kitu, Atma teu katarik pikeun nuturkeun ramana, anjeunna langkung kataji ku widang jurnalistik. Anjeunna naratas karir salaku wartawan di koran Indonesia Raya nu dipingpin ku Mochtar Lubis. Satutasna Indonesia Raya dibr�d�l, Atma damel di Persbiro Indonesia Aneta (PIA) pingpinan Adinegoro. Harita anjeunna sakaligus janten kom�ntator seni jeung budaya di RRI, og� mantuan Mahbub Djunaidi di Duta Masyarakat �disi Minggu. Taun 1960 Atma kaluar ti PIA, teras angkat ka Melbourne pikeun damel di Radio Australia salaku penyiar. Pas kontrakna s��p, anjeunna ngalanglang dunya �ropah. Nalika bekelna geus beuki ipis, anjeunna damel salaku penyiar honor�r di Radio Deutsche Welle, Koln, Jerman. Taun 1965 anjeunna mulih ka Indon�sia sarta pikeun sababaraha lila nganggur dugi ka tungtungna tiasa damel di Kantor Berita Antara. Nalika Indonesia Raya medal deui, Atma mulih deui janten wartawan �ta kalawarta. Kalungguhanana saeutik-saeutik n�r�k�l, dugi ka dipercanten janten r�daktur pelaksana dina taun 1971. Nya di dinya og� anjeunna pendak sareng Sri Rumiati, kepala perpustakaan di kalawarta �ta k�n�h, nu salajengna janten istrina. Teu lila sanggeusna kajadian Malari (15 Januari 1974), Indonesia Raya dibr�d�l bareng jeung sapuluh m�dia lianna. Al�sanana, ceuk pangawasa harita, kalawarta �ta milu mapanas mahasiswa. Teu ukur nepi ka dinya, Pamingpin R�daksi Mochtar Lubis jeung Wakil Pamingpin R�daksi Enggak Baharuddin dit�wak kalawan tuduhan boga tar�kah pikeun ngarurug pamar�ntah. Atma, katut sababaraha wartawan jeung karyawan koran �ta, leungiteun gaw�. Waktu nganggur Atma ngan sababaraha bulan. Anjeunna lebet ka United States Informaton Service (USIS) salaku Asist�n Atase P�rs. Pihak USIS sorangan teu malir� "status" Atma nu ceuk pamar�ntah kaasup salasahiji wartawan nu aya na black list, teu diwenangkeun deui gaw� di widang p�rs. Sarta pikeun Atma pribadi, asup kana "daptar hideung" t�h teu ngandung harti pati pikeun sumanget jurnalistikna. Anjeunna tetep nulis, najan kudu mak� sandiasma Ramakresna. Nalika Lembaga P�rs Dr. Soetomo (LPDS) ngadeg taun 1992, Atma dip�nta sangkan ngagabung pikeun ngajar di dinya. Dua taun ti harita, bapa tilu putra ieu dipercaya jadi Dir�ktur �ks�kutif lembaga �ta, ngagentos Djafar H. Assegaf nu diangkat jadi Duta Besar Indon�sia di Vi�tnam. Pangaj�nna kana dunya p�rs nu b�bas jeung s�hat, moal aya nu mangmang. Anjeunna teu sieun pahareup-hareup jeung pamar�ntah. Anjeunna salasahiji nu sacara pangger ngarojong ayana organisasi alternatif pikeun prof�si wartawan lian ti Persatuan Wartawan Indon�sia (PWI). Teu matak h�meng mun dina ketak salajengna anjeunna ngadegkeun Aliansi Jurnalis Indep�nden (AJI). Di dinya anjeunna janten salasahiji anggota Majelis �tik. Dina dinten Kemis, 31 Agustus 2000, Atmakusumah Astraatmadja nampi Magsaysay Award ti Yayasan Ramon Magsaysay sasarengan jeung saurang wali kota pareman Filipina, pecinta lingkungan ti Cina, sarta dua aktivis politik India. Atma nampi panghargaan patali jeung tar�kahna dina medalkeun literatur, jurnalisme, sarta kasenian alternatif nu patali jeung gerakan kab�basan p�rs di Indon�sia. Taya nu nyangka y�n hadiah nu boga g�ngsi �ta bakal ragrag ka anjeunna. Dir�ktur �ks�kutif Lembaga Pendidikan P�rs Dr Sutomo (LPDS) ieu malah reuwas nalika nampa b�ja �ta. "Ieu ngingetkeun kuring ka taun 1958, nalika munggaran jadi wartawan," saurna nu dicutat Majalah Panji Masyarakat. "Kuring inget bener, tulisan munggaran kuring nya�ta ngeunaan Mochar Lubis salaku wartawan munggaran nu nampa Magsaysay Award," Atma neruskeun. Wajar, Atma neundeun panineungan nu jero ngeunaan tulisan �ta. Lian ti salaku tulisanana nu munggaran, tulisan �ta og� harita matak h�boh. Tulisan pondok na kaca hareup koran Indonesia Raya tanggal 16 Agustus 1958 ieu matak piambekeun pamar�ntah. Hal ieu patali jeung kalimat, "Mochtar Lubis dikenal sebagai pejuang tak kenal menyerah dalam melawan korupsi pemerintah, pelanggaran kebebasan sipil oleh militer, dan melawan penyerbuan totalitarisme di Indonesia". Polisi ngajorag Atma sarta ngahulag anjeunna pikeun neruskeun tulisan ngeunaan �ta. Sam�m�hna, Atma geus niat r�k nulis leuwih panjang dina �disi isukna, sabab tulisannana harita ditulis dina kaayaan rurusuhan ngudag deadline. Dna wanci nu sarua, Mochtar Lubis dit�wak. Mimitina wartawan kawakan ieu keuna ku tahanan rumah, ngan saterusna mah malah dipanjara salapan taun lilana. Koran Indonesia Rayana og� dibr�d�l. Sabenerna, ceuk Atma ka majalah di luhur, taun kamari aya nu ngusulkeun sangkan anjeunna meunangkeun �ta penghargaan, di antarana nya�ta P�mingpin R�daksi Bussiness World di Filipina Raul Locsin. Tapi Atma kuanjeun wegah diusulkeun, teu pati yakin. Anjeunna ngangken teu gaduh karya, boh tulisan atawa gaw�na nu "dramatis". Kanyataan hor�ng b�da jeung pangrasa Atma, anjeunna kapilih. "Ramon Magsaysay ngaj�nan kuring aslaku jalma nu pas pikeun jadi lambang kab�basan p�rs, sabab, sawar�h hirup kuring nu datar ieu jadi saksi katunggaraan p�rs nu tertekan salila 40 taun," saurna deui. Pikeun dunya p�rs, cita-cita Atma basajan pisan: nempo m�dia massa nu genah dibaca, bisa dipercaya, jeung b�bas. "Dina komunikasi tanpa hambatan, urang bisa silih tukeur pamanggih jeung pangaweruh. Ieu mangrupa salasahiji cara sangkan bangsa urang jadi cerdas," saurna nu dicutat Majalah Forum. Tangtos, �ta ngarupakeun cita-cita nu luhur, nu og� dicita-citakeun ku loba jalma, najan dina basa nu b�da. Nu �c�s, di tengah r�formasi badag na sagala widang ieu -- kaasup kab�basan p�rs -- lajeng Atma kapilih salaku Ketua D�wan P�rs. Anjeunna nu munggaran nyepeng kalungguhan ieu nu datang ti kalangan praktisi p�rs, lain ti birokrasi. Dina mangsa-mangsa sam�m�hna, Ketua D�wan P�rs dicepeng sacara ex officio ku Menteri Penerangan. (ditarjamahkeun ti Majalah Tempo) jk ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> $9.95 domain names from Yahoo!. Register anything. http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

