Kang Kandar,

Leres Teh Ully Sigar Rusyadi teh ageung pisan perhatosanna ka 
leuweung urang. Alhamdulillah sim kuring kantos tepang sareng 
anjeunna di bumina, di wewengkon Cibeureum-Cimahi, Bandung, tos 
ampir sataun kapengker. Malah harita teh Teh (emh mani nga-"eteh"-
keun nya) Paramita Rusyadi (leres kitu nyeratna ieu teh? punten)si 
bentang sinetron sohor oge nuju aya di dinya. Kang Nana Munajat, 
ahli ngibing dosen SMKI, anu nepangkeun sareng ngajak nganjang ka 
anjeunna teh. Hanjakal Neng Mita teh teu kungsi ngelol ka ruang 
tamu...hehehe, namung sanes ku eta kaayaan simpe mah Kang (nyelang 
heula ngawalonan Teh Nia).

Kang Kandar, sayaktosna heuteu sakedik somah balarea atawa cacah 
kuricakan urang anu haat merhatoskeun leuweung. Nyakitu lah ari 
bentang mah apan sok jadi bahan beja anu haneut, heunteu siga somah. 
Dina pagempungan 2 minggon kapengker di BPLHD, hadir anggota-
anggota  masyarakat anu salami ieu kalintang ageung perhatosanna 
kana kaayaan leuweung urang kalawan prak-prakanna sakamampuna, 
sakadugana, sewang-sewangan. 

Sajabi ti Teh Ully, golongan anu kalebet "bentang" atawa inohong anu 
merhatoskeun leuweung teh diantarana: DPLKTS (diluluguan Kang 
Mubiar, caleg utusan daerah tea) sareng "KL45" (kelompok anu bajoang 
sangkan kawasan lindung di Tatar Sunda teh 45% tina legana lahan di 
tatar Sunda sagemblengna (diluluguan ku Kang Yus Ruslan (inohong anu 
ti payun mimpin midamel skenario Tatar Sunda 2010). 

Dina dua golongan eta, sakumaha kapireungeuh dina pagempungan 
kamari, nya barentes pisan sora-sora anggota masyarakat 
ti "pasisian" anu salami ieu icikibung miara leuweung kalawan 
kaayaan anu samporet bari jeung mindeng kahengker ku kawijakan 
pamarentah anu heunteu "kondusif". Sok sanaja kitu, ide-ide 
aranjeunna kalintang nyongcolangna, bengras, sareng "straight to the 
point". Maklum bijil tina sungapan anu heunteu kagiridig ku ririwa 
sabangsa kaproyekan, jsb.

Kang Kandar, cag heula, keun Insya Aloh kapayun urang ngadadarkeun 
kaayaan leuweung urang, sabaraha jumlah lahan leuweung urang anu 
rusak, kamana kacondongan pamarentah jabar (gubernur) ayeuna dina 
urusan ngokolakeun leuweung, jeung naon bae ide-ide anu tegep ti 
masyarakat keur ngusahakeun sangkan "jati ulah kasilih ku junti" 
dina urusan ngokolakeun leuweung, kalebet usulan "Ngahejokeun 
Leuweung" ku mateakeun budaya ti Kang MGT, jsb.

Baktosna,
manAR 






--- In [EMAIL PROTECTED], "kumincir" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Mama, perkawis "perleuweungan" tea, kuring jadi inget ka Ully 
Sigar. Salira 
> ge tangtos uninga, anjeunna teh salasawios aktivis nu seueur 
ketakna dina 
> masalah lingkungan, kalebet perleuweungan. Kumaha tah, kantos teu 
kontak 
> sareng anjeunna? 
> 
> isk 
> 
> 



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke