saperti biasa, indit ka pangulinan si kuring make angkot dua kali, ti buah batu ganti di karapitan. naek deui nu ka caheum liwat ka aceh. kamari mah meunang supir nu keur ngobrol jeung bababaturanana. nyaritana basa sunda logat pakidulan (api-api bisa ngabedakeun logat nyarita hiji jelema we nya). nepi ka nyaritakeun adat suradat urang sunda nu kapanggih ceuk manehna. "urang sunda mah, olo-olo..." ceuk supir ka babaturana. "daek nambangan teh pedah keur teu boga duit. da mun loba duit mah, bororaah daek nambangan..." "uing ge daek kikieuan soteh pedah we loba pangabutuh..."
nambangan maksudnya gawe nyupiran angkutan umum kaasup angkot. si kuring mesem. beu... geocities.com/mangjamal ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

