Leres Mang Tito, saleresna mah tong disamikeun sadayana.. istilahna teh tong disamkompet daunkeun nya? da buktina lain US wae anu olo olo teh.. Jawa, Padang, Batak jrrd.. ari geus pribadina kitumah jeung watekna kitu nya sarua weee...
 
maos seratan Mang Tito anu cenah aya istilah anu geuningan sami sareng istilah urang Jawa mangan ora mangan ngumpul.. rejeki nuturken... Kuring mah teu satuju anu model kitu teh.. matakan di kulawarga ti 7 an, emang kuring hungkul anu meuntas, pangjauhna da pun lanceuk mah sadayana anu 6 teh di bandung... paling tebih ge di Cihideung.
 
kan ari anu namina Rejeki mah kedah dipilariannya, kedah diudag dimana pirejekieun teh, sareng meun teu kaudag jeung sanes rejeki urang nya teu kedah maksakeun.. ari saur abdi mah anu pasti nuturkeun ditukang teh nyaeta pangalaman.. matakan baheula unggal di Interview Motivasi Abdi mah pasti nyiar anu namina Duit bin artos alias money tea jeung mun ditanya Naha teu neang pangalaman? jawaban kuring pasti .. " Experience follow behind. .. Pangalaman mah nuturkeun ditukang, keur di wawancara ge da geus ka asup pangalaman, " Kuring pernah euy Wawancara di PT. SuryaTek, tapi teu katarima da manehannana keukeuh ngenta lulusan S1, anu S3 mah teu daekeun.. " kan eta kasebat pangalaman..
kawas ayeuna wee, kuring boga pangalaman ngariung di lembur Bakus.. da asalnamah teu kapikiran bakalan gaduh dulur seueur di alam Maya..
leres teu? tos ahh.. sok katerusan ngacapruk teh kuring mah Mang Tito.. nga Emangkeun wae ah moal nga Abahkeun deui, meh teuteup awet Anom...
 
Baktosna,
 
-----Original Message-----
From: Tito Suryana [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Friday, August 27, 2004 8:16 AM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: Re: [Urang Sunda] urang sunda ceuk supir angkot

ngiring mairan cep ule, urang sunda teh masih nyepeng istilah : rek dahar teu dahar pokona riung  mungpulung (tapi untung ayeuna tos seueur urang sunda nu lampar buktosna sabaraha urang baraya aya dimana-mana). terus urang sunda teh aya istilah rejekimah nuturkeun teu kudu jauh-jauh neangan rejekimah (kulantaran rejeki teh nuturkeun wae tara nyiap nya mokaha rada sesah heheheh ari dilieuk katukang rejeki teh euweuh)


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke