Haturan Teh Rianti, Teh Tia Alit, Kang Achmad,
 
Nepangkeun sim kuring hendri urang cikarang baru. rupina tatanggaan sareng Teh Rianti (boa-boa baraya deui wae yeuh). abdi di tapir 4 nomer 4 Teh, bilih bade amengan ka rorompok, sumangga diantos pisan.
 
mangga wilujeng ngariung mungpulung sareng baraya salembur, tapi omat ulah bari palang-pulung. tong isin-isin Kang, Teh, da urang sarerea ge seuseueurna mah sami-sami nuju diajar deui ngamumule kasundaan. ceuk istilah kuring mah sunda mua'alaf.
 
mangga lajengkeun
-----Original Message-----
From: Riantiningsih [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Tuesday, August 24, 2004 3:54 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: RE: [Urang Sunda] Hoyong ngiringan dina perkeumpelan komunitas sunda..

Assalamualaikum,..
 
sami sareng abdi tapi,.ari ngiring milist ieu teu acan lami aya kanu 6 dintenan lah tapi nyakitu tea teu wantun seueur nyarios da bahasa sunda na sok pabaliut janten  sok rada-rada ararisin.sakanteunan bade neupangkeun heula nami abdi Rianti linggih di Cikarang ari asli na mah ti Garut. tah sakieu wae meureun introduction abdi teh
bilih aya cariosan nu teu raos kadanguna mugia sing di hapunten sareng di maklum
hatur nuhun kasadayana.......
-----Original Message-----
From: tia kecil [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Tuesday, August 24, 2004 3:38 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: Re: [Urang Sunda] Hoyong ngiringan dina perkeumpelan komunitas sunda..

Assalamualaikum,
 
Abdi oge saleresna tos lami gabung kamilist iyeu, nanging teu wantun nyarios...bahasa sunda abdi teh pabaliut.
Abdi terang milist iyeu ti pun raka Aa Duli tea. Lamun anggota jiga badi kaetangna pan teu aktip, jadi mun aya kekempel isin.
Hatur nuhun...
 
Tia
 


Achmad Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamulaikum...
 
Sampurasun..
 
Nami abdi Achmad Nugraha, kuring hoyong pisan kekeumpelan dina paguyuban2 sunda nu aya di jakarta atawa di bandung, mugi2 tiasa ngajalin tali silaturahmi jeng ngabudayakeun deui basa sunda ameh teu leungit dina jaman nu "hade" iyeu..
 
Di antos ku abdi komentar sareung saran2 na..
hatur nuhun ......
 
wasallam.
 



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke