Haturan baraya sadaya....!!!
Kamari peuting ba'da isa aya nu datang ka imah, ari pek teh geuning 
panitia pamilihan RT di lingkungan RT sim abdi. Maranehna meredih 
sangkan sim abdi daek dicalon jadi RT keur periode 2004 - 2007, 
padahal tianggalna geus ngobrol jeung RT nu ayeuna yen sim abdi mah 
lain teu daek tapi kumaha ari batur sakasur teu ngidinan pan teu lucu 
ma enya aya RT euweuh bu RT-an...heheh.
Tapi ceuk panitia teh pak Iim sawioslah etang-etang ngaramekeun soal 
kapilih heunteuna mah kumaha engke, nya atuh kapaksa kuring teh 
ngeusian formulir daftar calon samalah mah bari jeung dipentaan poto 
sagala keur ditempel engke dina waktuna cenah, ngan can mere da  teu 
aya potona ge (maklum tara dipoto)....heheh.
Akhirna mah...rengse eusian formulir, atuh leos bae panitia pamilihan 
RT amitan, ceuk sim abdi teh lain teu siap keur eukeur nganjrek 
dilembur teh karek 6 taun jalan jeung can apal deui lebah-lebah 
lingkungan RT teh, nya ari pikeun dipenta bantuan jadi staf mah ceuk 
teh insya Allah siap ngabantu...(nu puguh mah hoream nyaring peuting 
lamun aya naon-naon....heheh )....

Nya ari geus kieu mah lahaola...kumaha behna bae, lamun Allah Swt 
ngaridoan meureun jadi, dina heunteu bae keun bae ah..da lain meunang 
hayang...heheh (ari ngabantu RT nu kapilih mah siap....!)

Cag...ah,

BM'69
-mun kapilih teh nuturkeun Ua Sas...yeuh...hehe..!!



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke