Waalaikum salam wr. wb..
 
Wilujeng sumping...mangga kalebet.....
mugi sing betah sareng tumaninah......diieu milis....
Mangga teraskeun...
 
Pihatur
SSW
 
cecep <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ass Wr Wb
Haturan para saderek, nepangkeun sim kuring warga enggal di paguyuban urangsunda. Lawas teu nguping halimpuna sora urang sunda nyarios dina basana,lawas oge teu maos bacaan pituin urang sunda. Sakapeung sok sono nataku kana basa sorangan, tapi edas bet kedah kumaha da sabudeureun teu ngarojong kanggo ngamumule basa sorangan.
Alahmdilillah tepang sareng kang Hendri Mulyana ( cocokna mah adi ketang ka anjeuna teh).
Nepangkeun wae ka sadayana sim Kuring Cecep lahir di Bandung ping 7 Nov 1966 (tos sepuh Nya ?) kiwari ngumbara di Cikarang, atuh pacabakan Buburuh diurang Jepang.
Ari pun bojo asli urang Tanjung sari pacabakan neraskeun
kasabna Umar Bakri. Turunan Alhamdulillah tos di paparin 3 murangkalih,nomor hiji tos SMP kelas hiji atuh nomor dua tos TK ari nomor tilu mah nembe tilu taun engke Desember. Cag sakieu heula bae.

wassalam
Cecep


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke