Wilujeng enjing baraya!, teu karasa geus dua minggu kuring henteu
kukulamprengan di Babakan Kusnet, kulantaran aya nu nitah kudu apruk-aprukan
heula di Kabupaten Belu Provinsi "Sunda Kecil Timur" alias Nusa Tenggara
Timur. Kabupaten Belu teh ibukotana Atambua. Ieu kabupaten ngarupakeun tapel
wates jeung nagara anyar nu disebut Timor Leste.

Kuring meunang 10 poe kukurilingan di eta kabupaten tapel wates Indonesia
teh. Mani asa cape pisan, maklum kukurilingan di tempat anu kacida
"gersang"na ditambah ayeuna keur musim halodo. Nu katempo teh ukur
tatangkalan nu daunna geus kararoneng jeung jukut nu geus gararing. Walungan
ukur alurna wungkul nu pinuh ku babatuan. Sasatoan anu katingali ukur
sasatoan nu dipiara (sapi, babi jeung embe), sato liar mah henteu ningali
hiji-hiji acan. Teu aya manuk anu sing geleleber atawa paling saeutik
ngadenge sorana. Kukurusukan dinu bala, henteu aya kadal atawa sato sejenna
anu lumpat kagareuwahkeun. Waku nuju kota Betun nu aya di beulah kidul, di
sisi jalan aya plang make tulisan" Anda Memasuki Hutan Suaka Margasatwa/
Hutan Lindung". Duka sato naon nu "dilingdungi" ku  "suaka Margasatwa" teh,
da euweuh sato hiji-hiji acan, teu aya manuk, teu aya
........papatong-papatong acan. Ceuk kuring teh kanu nganteur, kunaon
disebut "Suaka Margasatwa", ari sato nu kudu "dilindungi" na mah teu aya? .
Manehna ukur nyerengeh, baheula mah loba cenah manuk, tapi beak dibedilan ku
bedil mimis, komo kakatua mah, da di anggap hama ku patani, sok ngarusak
jagong. Jadi ledis...........

Ngan di hiji tempat beulah kaler, deukeut tapel wates jeung Timor Leste,
kuring papanggih jeung rombongan sato, anu jumlahna nepika ratusan rewu, aya
nu keur hiber, aya nu keur areunteup dina pepelakan jagong jeung palawija
sejenna. Eta sato teh simeut (belalang kembara/locust). Saumur-umur
nyunyuhun hulu, kuring kakara ninggali simeut sakitu lobana. Kitu deui urang
Timor, urang Pemkab Belu nu nganteur kuring, manehna oge sarua kagetna da
cenah manehna oge kakara ningali. Ceuk penduduk nu keur lulumpatan
nyieuh-nyieuh simeut di kebon jagongna, eta rombongan simeut teh datang
isuk-isuk ti arah Timor Leste, jigana mah kabawa ku angin.

Simeut, ari loba-loba teuing mah, matak jadi hama jeung "bencana", meakkeun
sagala rupa tutuwuhan. Moal boa "meledak"na populasi simeut di Kabupaten
Belu kulantaran teu aya musuh alamina (predator) sapertos manuk? duka tah
......da kuring mah lain akhli lingkungan oge lain ahli biologi ngan ukur
gegerentesan wae dina hate. Manawi baraya aya anu terang?

-WALUYA-
















------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke