Kang Akos, abdi di Kebon JErukna di Graha Inovasi caket pisan Suzuki. Pas Mandiri Mobil, namung abdi LT.2 (cekap Lt 2, kapungkur di Bisnis Lt .10, seueur teuing lantai cape ngepelna...he..siga OB nya kang).
Upami dinten Saptu abdi libur kang..ngahekok we di bumi tara liar maklum anak pingit sareng meh beresih sakedik maklum upami di lembur mah pan ka sawah wae sok hideung. Tapi resep pisan upami ka Sawah teh komo ayeuna keur usum palawija, sok emut kana reuceuh bonteng tah.
Nyandak pi-sambeuleun we ka sawah teh da bonteng na mah tinggal metikan eta ge upami ema sareng bapa melak, teu melak mah sok ngadodoho nu batur(ieu mah keur leutik sanes ayeuna-ayeuna era lah geus gede kieu mah......resep lah...he....he..).
 
Jalak

 


Sumedang Tandang Nyandang Kahayang


Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke