Kang Durahman.
Eta website teh sanes nu sim kuring, mung leres eusina aya nu ti sim kuring, nu gaduhna eta website teh kapungkur kantos janten milisi (anggota milis) KUSNET.
Leres aya nami nami kekembangan, anak sato, atuh daftar buku buku basa sunda nu aya di pabukon sim kuring.
Kang...upami bade dilebetkeun kana website Kang Dur nya mangga bae, mung daftar buku buku sunda tos kedah dirobih, da tos nambihan, engke dijaprikeun kumargi filena rada ageung.
 
MSasmita.
-----Original Message-----
From: dur74 [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Tuesday, August 31, 2004 3:10 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: [Urang Sunda] to; Ua Sasmita; ijin ngopy eusi web ua, bade di pajang di web sim kuring

Kahatur Ua Sasmita,

Sababaraha bulan kalangkung sim kuring mendakan websitena ua. Duka
alamatnamah hilap. Eta website teh eusina ngenaan kasundaan; aya
istilah2 keur anak sato, istilah keur macem2 kembang, daftar buku ua,
jrrd. Ku sim kuring website etateh tos di copy sareng disimpen dina
hardisk komputer sim kuring.

Ayeuna sim kuring aya niat ngadamel web pribadi anu salah saiji
eusinateh ngeunaan kasundaan. Kukituna sim kuring nuhunkeun ijin ka ua
pikeun 'nempelkeun' artikel2 sareng tulisan anu ua di website pribadi
sim kuring.

Sakitu wae ti sim kuring. Diantos waleranana.

Wasalam,
DURAHMAN


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke