Wilujeng siang Teh Imas.
Hatur nuhun tos kersa ulubiung di Kusnet, kantenan sim kuring ge hoyong kenal sareng Teh Imas, saurna waktos riungan di Bogor Teh Imas ngiringan, hanjakal sim kuring mah teu tiasa, da harita teh rada pakepuk sareng pas wengina ngayakeun Pasanggiri Maca Carpon sa-RW di wewengkon sim kuring.
Teh Imas...enya sim kuring teh ari umur mah tos kolot tos langkung ti 50an, ayeuna teh nincak kana 54 taun jalan, apan cenah janten kolot mah hak sadayana "bangsa", mung  duka upami koloteun mah.
Teh...upami ka Bandung mangga nyimpang ka rorompok sim kuring, insya alloh disuguhan (maca) buku buku Sunda, nu sok ameng teh diantawisna Teh Pupi, Teh Djulia, Teh Tien, atuh akang-akangna mah tos seueur nu sok nyimpang.
Ari bibit buit mah si kuring teh ti Ciawi Tasikmalaya, atuh si kukut - Patih Goah tea - bibitna ti Cianjur, gaduh budak hiji awewe, umurna nembe 8 taun jalan, sanes telat nikah, da ari nikah mah taun 80, mung kosongna meh 17 taun, pun anak teh lahirna taun 1997, ayeuna nembe kelas dua SD.
Alamat sim kuring :
Perumahan Margawangi
Jl Margawangi VII No.5
Margacinta Bandung
Tlp 022-7511914.
 
MSasmita
kuncen # 2
 
-----Original Message-----
From: salma_imas [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Tuesday, August 31, 2004 3:16 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: [Urang Sunda] Re: e-pupuh: tembang buhun pupuh 17

Wilujeung siang wa sasmita, nepangkeun abdi imas, abdi hoyong pisan
kenal sareng uwa, sesepuh di urang sunda, hatur nuhun


salam


imas




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke