ngeunaan pa muhtar, upami peryogi dongeng sabada asar mah abdi tiasa ngabantos, rumasa kungsi jadi muridna. ari nu daria mah teu pati apal, ongkoh sok rada hoream seusuerieusan teh....
tah ieu dongengna :
baheula keur kuring sakola di unpad jurusan hukum (tapi sakapeung oge nganggo jurusan cicaheum - ledeng), kuring kungsi diajar ku dosen namina Prof Muhtar Kusumaatmaja.
 
Mimiti mah kusabab kasohor patilasan mentri luar nagri nu dipikaajrih boh ku urang boh ku deungeun, utamina PBB. ngabayangkeun rigig anjeuna teh mani rada nyorodcod. tapi geuning basa prok paamprok jonghok, tetela Pa muhtar teh jalmi nu basajan pisan. Rarayna teh mani marahmay. kulit beresih, rambut bodas. nu matak waas teh anjeuna sok nganggo safari (anggoan jiga ambtenaar jaman walanda), kancingna leupas hiji nu palih tengah. ari sugan teh kaleresan we eta kancing leupas, singhoreng teh unggal ngajar ge eta we metat anggoanana teh.
 
Anjeuna harita teh nembe pangsiun pisan tina jabatan menlu. saurna teh, "geus cukup atuh jadi mentri teh da ti taun tujuhpuluh nepika awal salapan puluh. Rea keneh urang indonesia teh nu pinter leuwih ti kuring". kapungkur kantos janten mentri kehakiman, teras jeneng menlu (periode na mah hilap). Saparantos pangsiun anjeuna mulih pakandangan ka unpad kumargi anjeuna nu gaduh jasa ageung ngamajengkeun unpad utamina fakultas hukum.
 
kantos basa unpad rek ngawangun kampus di sabudeureun dipati ukur, ngawengku wewengkon ti tungtung gasibu dugika kampus fikon katut kedokteran gigi di sekeloa, anjeuna nu nuju jeneng rektor ngangruh kusabab rea rahayat nu tos ngageugeuh eta wewengkon. saur anjeuna, mun unpad ngagusur rahayat, sok sanajan eces eta teh taneuh nagara nu diancerkeun keur unpad ti beh ditu keneh, pimanaeun teuing pigeunjleungeunana. ongkoh karunya deuih ka rahayatna. sakali-kali mah urang ngelehan ka rahayat saur anjeuna. antukna kualatan saran ajeuna kampus unpad teh dialihkeun ka jatinangor.
 
Saur anjeuna basa pangsiun rea pisan jalmi nu maparin tawis kadeudeuh ka anjeuna. Aya nu nawisan bumi, mobil, jeung barang-barang sanesna. sok sanajan teu aya gantar kakaitan da puguh maju pangsiun, keukeuh ku anjeuna teu ditampi. saurna tawis kadeudeuh jiga kieu nu bakal ngalantarankeun ekonomi biaya tinggi. ongkoh anjeuna teh gaduh saham dikantor hukum MKK (Muhtar, Komar sareng K hiji deu mah hilap). Atuh anjeuna teh kawilang jalmi jegud ku usaha sorangan. Sok sanajan kawilang kegud, tacan kantos mendakan anjeuna ka kampus nunggang mobil sae. cekap we dijemput ku corola taun tujuh puluh kagungan asisten dosen. padahal jigana helikopter ge kapeser.
 
Aya deui lakuna anu aheng teh, tiap-tiap ngawitan ngajar, anjeuna sok maparin patarosan kieu ," bapa boga pertanyaan, sing saha nu bisa ngajawab bari bener, ku bapa dianggap lulus bari dibere peunteun alus, heug teu kudu kuliah deui nepika ahir semester". tapi tug dugika ahir semester, can pernah kacapangan aya mahasiswa nu sanggup ngajawab patarosan anjeuna sabab jawabanana teu aya dina buku, kudu ngandelkeun logika jeung filsafat.
 
kulantaran kuliahna teh tilu jam, pengantar ilmu hukum, atuh palajaran teh dibagi dua sesi. ditengah-tengah sesi anjeuna sok menta reureuh, angot da saur anjeuna teh ari geus kolot mah kudu rea reureuh bisi kapiuhan. mun nuju reureuh anjeuna sok kusiwel ngaluarkeun kueh mari (biskuit roma atanapi regal) nu baruleud tur dibungkus ku keretas timah pulas beureum. ari si mari teh sanes weuteuh, paling ge tinggal saparo, ditalian ku karet geulang. sakapeung anjeuna sok lalagaan ulugag-euleugeug bari mesem, "na ayeuna mah abongkena rea gunung dipake vila, di bandung teh mani hese cai-cai acan". Eta teh ciciren anjeuna nyuhunkeun dipangnyandakeun cai.
 
hiji mangsa kantos pa muhtar teu tiasa ngajar, basa ditaroskeun ka asistenna, saurna anjeuna nuju mamanggul patok keur ngawates nagara irak jeung kuwait ba'da perang taun 92 tea. anjeuna teh diutus ku PBB pikeun ngaluluguan tim penentu wates eta dua nagara sabab anjeuna teh kawilang salah sahiji ahli hukum  laut internasional nu dipikaserab ku PBB.
 
rada keuheul teh ka anjeuna basa ujian semester, kuring ngan dibere peuteun C, duka pedah belet duka pedah, saur anjeuna teh, "maneh mah leuwih pantes ngarang roman tibatan jadi ahli hukum", beu !!!.
 
 
 
-----Original Message-----
From: Siddik Wiradireja [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Monday, August 30, 2004 3:44 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: Re: [Urang Sunda] Prof. Dr. Koesnadi Hardjasoemantri jeung Prof. Dr. Didin Sastrapradja

Bilih bade di tambih keun Bapa Prof. Dr. Mochtar Kusumahatmaja, mantan Menlu, Menkeh, dosen oge, sareng duka teuing naon deui, upami teu lepat kalahiran Bandung, anjeuna tos ngabuana mashurna, ku alatan "Wawasan Nusantara" waktos sidang Hukum Laut Internasi...onal di Caracas taun........ 70an.
Namung tamada, sim abdi teu gaduh bio data, foto sareng riwayatna.
 
Pihatur
SSW
 
tantan hermansah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
 
Baraya, ieu teh salah saratus pireueuseun urang sunda.
Cing, manawi aya anu langkung jero ngenaan ieu jalmi.
Lumaya, biografina pieunteungen urang.

1. Prof. Dr. Koesnadi Hardjasoemantri

KOESNADI HARDJASOEMANTRI, gubrag ka alam dunya di
Tasikmalaya tahun 1926. Anjeuna ayeuna Guru Besar
(Emeritus) Hukum Lingkungan Universitas Gajah Mada
(UGM), Yogyakarta. Karirna dina widang lingkungan tur
atikan dikawitan ti taun 1964 nepi ka taun 1980. Taun
1984 diangkat jadi Sekretaris Menteri Negara
Pengawasan Pembangunan dan Lingkungan Hidup jeung
Sekretaris Menteri Negara Kependudukan dan Lingkungan
Hidup (1980-1986). Oge kantos janten Rektor UGM
(1986-1990), Staf Ahli Menteri Negara KLH (1986-1988)
jeung Anggota MPR-RI (1987-1992). Salian ti janten
dosen di sababarah perguruan tinggi di Indonesia, oge
janten dosen tamu di sababarah universitas di Kanada,
Belanda sareng Jepang (1990-1995). dina widang sosial
tur kebud! ayaan gerakan anjeuna diwujudkeun dina
sababarah LSM diantawisna: "Yayasan Nusantara Jaya"
tur "Dana Mitra Lingkungan" (1983). Anjeuna lulus
Fakultas Hukum UGM (1964), teras Fakultas Hukum
Universitas Leiden, Nederland (Drs/M.L. 1981) tur
Universitas Leiden (S3) pada tahun 1981. Kenging
sababaraha 'penghargaan' (duh naon sundana) ti
Pamarentah Indonesia saperti Bintang Gerilya,
Satyalencana Perang Kemerdekaan, Satyalencana
Kebudayaan, Chevalier dans L'Ordre des Arts et des
Lettress, Perancis (1994) dan Officer in de Orde van
Oranje Nassau, Negeri Belanda (1980).

2. Prof. Dr. Didin Sastrapradja (teu acan
katarjamahkeun)

DIDIN S. SASTRAPRADJA, lahir di Garut tahun 1932,
adalah Guru Besar Tidak Tetap Universitas Indonesia
(sejak 1974) dan pernah menjadi Anggota DPR/MPR-RI FPG
(1992-1997). Sebelumnya pernah menjabat sebagai Deputi
Ketua Bidang Ilmu Pengetahuan Alam PTO (1978-1981).
Asisten Menteri Negara Riset dan Teknologi
(1981-1986), dan Wakil Ketua Lembaga Ilmu Pengetahuan
Indonesia (LIPI) tahun 1986-1992. Memperoleh
pendidikan pada Akademi Pertanian Bogor (1958)
kemudian gelar Doktor (Ph.D) dalam Ilmu Botani dari
University of Hawaii, Amerika Serikat (1965). Prof.
Dr. Didin Sastrapradja telah menghasilkan lebih dari
70 tulisan ilmiah dan semi ilmiah mengenai biologi,
ilmu pengetahuan alam dan iptek. Memperoleh berbagai
penghargaan, antara lain: Bintang Jasa Pembangunan,
Bintang Jasa Utama, Officer In De van Oranye Nassau
dari Pemerintah Kerajaan Belanda (1972), Officer In
The Leopoldsorde dari Pemerintah Kerajaan Belgia
(1975), Satya Lencana Manggala (1978), Orde Van de
Gouden Ark dari Pangeran Kerajaan Belanda (1982) dan
Bintang Jasa Nararya (1982).




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke