Sering ngalangkung ari ka Griya Depok Asri mah. Ari lebet ka komplekna mah acan. Susuganan we engke aya uleman ti Teh Ina. Sugan we... hi...hi... ---------------------------------------------------------------------- Bumi abdi mah lebetna tiasa ti BBM. Ti perumahan sukmajaya nanjak sakedik, ngaliwatan Polsek, aya pom bensin, teras lebet ka jajalanan pas samobileun beulah kenca. Lebet we, ti dinya kira-kira sakilo mah, ngaliwatan pilemburan. Masih keneh seueur tatangkalan di sapanjang jalan. Ngan lebetna teh kudu rada pebeulit jeung tukang sate, tukang hayam goreng, tukang rujak, katambahan deui ayeuna mah aya tukang sorabi, jeung sajabaning tutukangan nu sejen. --------------------------------------------------------------------- Depok teh ayeuna mah teu beda jeung kota nu lian. Macet ! Asa ripuh mangkat gawe teh, pangpangna dina poe-poe nu meumeujeuhna sibuk. Komo deui ayeuna nambahan pangwangunan mol jeung mol deui. Terminal rek dijadikeun Depok Town Square, Satorojog jeung Gunadarma keur diwangun deui WTC Depok, diseberangna geus ngajeblag 'Billboard' anu unina "Akan dibangun Djarum Square". Padahal, Depok Mall, Depok Plaza, ramayana, Hero geus matak puguh pimaceteunana. katambah- tambah ..euh ! --------------------------------------------------------------------- Dipikir-pikir,...... tapi ah! Geus loba teuing nu dipikirkeun. Keun we kamajuan jaman sina ngagilinding sorangan, nepi eureun sorangan. Duka iraha.
-Ndoell- --- In [EMAIL PROTECTED], "Nia Sri Winiarsih" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Griya Depok Asri mah Depok II, anu aya masjid-an tea ? caket parapatan anu sok macet enjing2 teh? > Abdi mah kapungkur ti taun 94 di depok teh dugi ka taun 2001.... > -----Original Message----- > From: cubitus1975 [mailto:[EMAIL PROTECTED] > Sent: September 01, 2004 2:53 PM > To: [EMAIL PROTECTED] > Subject: Re: [Urang Sunda] Teh Ina Ratnawulan > > > Muhun Kang Ndoell, bumi teh di Griya Depok Asri, kalebet naon nya, > Depok II Tengah kitu? :) > > Eh Teh Nia teh kantos di depok geuningan. Aya keneh Teh, pasar agung > teh sae ayeuna mah. Resep balanja didinya lengkap sareng relatip > langkung mirah ti pasar nu sanesna. Es kalapa-na palih mana nya? > Hehe kanu jajaneun mah meni curinghak... > > Kang Jalak, ngantosan teh meni di terminal atuh, kabayang > pabaliutna :) teu kantos pagentos jalmi? ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

