Aya cariosan anu rada aheng oge ngeunaan mangsana
kuring patepang sareng kang Dhany di milis ieu.
Sateuacan wanoheun ka anjeunna, oge sateuacan kuring
ngariung di ieu lembur, kuring parantos wanoheun ka
Rama na kang Dhany di Panawangan. Malih mah Rama na
kang Dhany kantos sumping ka rorompok pun Bapa di
Panawangan-Cinyasag.
Waktos harita kuring nembe pisan lebet ka ieu lembur,
kang Dhany nepangkeun yen anjeunna oge kawit ti
Panawangan-Nagara Pageuh (kedah nganggo visa cenah
lamun urang arek ka lembur na kang Dhany teh,.. da
benten nagarana). Harita mah teu acan gaduh su'uzon ka
kang Dhany teh. Tos sababaraha dinten ti harita kuring
kaemutan kanu urang Nagara Pageuh anu kantos sumping
ka rorompok tea. Heug we kuring ngintun serelek ka
kang Dhany naroskeun manawi kang Dhany wanoh ka bapa
eta. Sihoreng teh anjeunna ngawartosan yen bapa eta
teh Rama na pisan. Sing sumpah dek beunghar... Mimiti
kuring teu ngandel pisan kana cariosan kang Dhany teh.
Heug we kuring nelepon ka kantorna kang Dhany.
Uluuuuuh eta enyaan euyyy, leres pisan.....Dunia ngan
sagede daun sampeu...
Cag ah,
Akos
--- Dhanny Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Kapungkur di HYUNDAI teh Blok C , namung ayeuna oge
> masih rada sering ka HYUNDAI ampir saminggu sakali,
> kumargi aya dua lokasi perusahaan abi mah, sareng
> kang Akos benten tempat damel mah mung pacaket, ieu
> oge tos dua kali Kopdar.
> Dimana atuh sok ngarempel teh, meureun resep
> hareureuy upami seueuran mah nya, upami aya kopdar
> deui ulah hilap wartosan nya...
> Oh muhun ari bumi mah abi teh di Bekasi timur,
> perumnas 3 .
>
_______________________________
Do you Yahoo!?
Win 1 of 4,000 free domain names from Yahoo! Enter now.
http://promotions.yahoo.com/goldrush
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/