Hatur nuhun kang Rudy, kahartos pisan naon pamaksadan Akang , Insya Allah ku abi dipulungan kalayan dilaksanakeun sadaya nu sae tina pangemut Akang.
hatur nuhun

Rudy Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
**************************************************************************
Haturan kang Dian, kang Dhanny lan sakumna baraya babakan!
 
...nalika kana pangalaman hidep, panginten "kecingan"nu dimaksad, dipikasabab ku :
.......da sayaktosna di tatar urang mah tos kawentar ka endahan alamna tur kasayagian sarupaning naon bae tatanen kanggo nyumponan kalajengan hirup.
...nanging sabada tatar urang riweuh tur pinuh ku tangtung, kitu deui ku kaayaan di lemah cai nu "jati ka silih ku junti" tea, hidep saukur bisa ngarenghap sakapeungan dina hirup, sagala pacabakan loba dikokola ku seler jeung urang deungeun!
Ngahelas hidep, da ngarasa bodo ......., kumaha hidep bisa nulungan dulur-dulur sasumur, sadesa tugna nepikeun ka satatar (puguh deui sakasurmah, heuheuheu), namung nyaksi ka hidep ieu ...., geuningan si kuring oge masih can bisa ajeg!........lajuningna, si kuring kudu taki-taki,  rehna kudu bisa ajeg heulanan saacan nulungan dulur-dulur..... dumasar kana kaayaan eta si kuring meunang sumangaet hirup anyar yen dina sagala pacabakan teh kudu daria jeung ikhlas, boh dina masalah nu leutik puguh deui nu gedena mah......., pokna dina basa urang deungeunmah sagalana teh kudu "first class service" tea.
Aya alusan ieu sumanget anyar teh, jadi boga kawanen ngokolaan nanaonteh...sagala pagawean nu dipercayakeun teh dienyakeun bae......prak na dina teu bisa ge, jadi wani tunya-tanya, bae disebut bodo ge! da pinterna mah lain keur anjeun!...prakna dina bisana oge, si kuring jadi boga kawanen keur nunjukeun yen si kuring salaku US ge bisa!, jeung deui kudu leuwih alus hasil pagawean teh tinimbang tina hasil nu pernah digawean saacanna.
....kitu...kitu...jeung kitu! ....ti nu teu bisa jadi rada bisa,...kitu...kitu...jeung kitu!....ti nu bisa jadi leuwih bisa...hayoh bae di kereuyeuh, nepikeun kapercayaan teh jadi leuwih beurat beh dieu keunna mah ..... tapi da..., ku daria tur ikhlas tea, alhamdulillah...sagalana teh lulus banglus bae.
Aya benerna yen urang teh kudu hudang, aya benerna yen urang teh kudu makalangan, aya benerna oge yen urang teh "sing inget kana purwadaksina"!,...nanging..........mangga ah!, lajeng keun ku baraya saterasna.........
 
sakitu nu kapihatur,
 
-pun adi-
*****************************************************

Dhanny Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Pakusarakan !!!
Leres pisan Kang Dian, eta pisan anu dibekelkeun ku Rama ka Abi, kaleresan kapungkur Rama mah aktivis AMS ( Angkatan Muda Siliwangi ) di Ciamis.
Janten ka nonoman sunda dimana wae ayana, sok sing teuneung ludeung makalangan di leuweung globalisasi.
Bral.........

Gardiana Karnasaputra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaikum para wargi US,
 
Sababaraha kali abdi tepang sareng urang peuntas utamina mah anu asalna ti Sumatera, sok kageteun pami ngobrol teras terangeun yen abdi tos puluhan taun ngantunkeun tatar sunda utamina galuh, da anggepan urang sumatera mah, urang sunda teh kecingan, teu wantun angkat-angkatan tebih..
Padahal US ayeuna mah, waranian.. (leres teu kang Rudy, teh Netty, kang Panji, akang-akang, teteh-teteh anu sanes...?), tapi sanajan bubuara tebih ti tatar sunda ge angger henteu hilap kana asal muasal.
Komo aya milis sapertos kieu mah, raraosan teh da henteu nuju ngumbara..
 
Abdi emut kapengker nuju alit keneh, kantos dibekelan ku pun rama (sanes artos, tapi ayeuna hartosna langkung ageung ti artos), kieu saurna :
 
Dimana jeung iraha wae
Andika tandang makalangan
Sing inget kana purwadaksina
Sabab dina kiwari ngancik bihari
seja ayeuna sampeureun jaga
 
 
Wassalam


Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - Send 10MB messages!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - 50x more storage than other providers!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke