Alam Parahyangan
Baheula keur kacapangan
Nu katelah Alam Parahyangan
Tempatna payung panineungan
Baheula mah keur jayana pajajaran
Haleuangna Tembang Cianjuran
Kumicirna Jajaka sinareng Mojhank Priangan
Loba manuk nu keur arulin di tatangkalan
Loba jukut ngehejokeun taneuh jadi amparan
Loba budak ngaji di masjid tiap magrib babarengan
Mangsa nu bakal datang
Wangci nu matak karingrang
kuring ngarasa ringrang jeung hariwang
ka Alam Parahyangan
Gunung-gunung pada dilebur
lebak-lebak pada dirusak
Heunteu mipit heunteu amit
Manuk-manuk euweuh tempat kaulinan
Mojhank jeung jajaka priangan kasilih kunjungti
budak tara ngararaji deui
Hayu urang pelak kembang jati teh supaya kembangan deui
Hayu urang golek pangklek pageuh ikeut
Hayu urang deukuetkeun nu jauh, geus deukuet urang rakeutkeun,
geus rakeut urang layeutkeun
Lamun Urang Reueus jadi Urang Sunda
Ulah hilap ka Purwadaksi
kajatidiri KISUNDA
Wassalam
Yayan Mulyana
ALL-NEW Yahoo! Messenger - all new features - even more fun!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

