Biasanamah unggal isuk dipangmasakeun sarapan ku mantan kabogoh keur bekel ka tempat gawe, variatif menu na mah , sok aya sangu goreng, roti bakar..pokonamah naon we nu teu pati mahal tur gampang dipasakna.
Kabeneran kamari mah dipangmasakeun teh Mie goreng instant make endog nu direbus dua siki . Jam satengah tujuh timbel teh mimiti dipurak, ngan rarasaan teh rada beda, Mie goreng nu biasana warnana rada coklat teh ieu mah pias mani bodas, ah..da lapar tea langsung we dihuapkeun...beuki aneh deui kusabab rasana teh tiis jeung hambar, ah da sayang istri diseepkeun we mie goreng plus endog teh sanajan rasana rada aneh oge.
Jam 9 mantan kabogoh nelepon ka kantor, pok na teh.." Aa maafin tadi sarapannya salah, bumbu mie nya belum dimasukin semua".
Emh..gusti paingan meni hambar...tapi da...tos seep sarapana oge
Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

