Mang J, kanggo "ngabalakan" tea, moal waka kana buku basa Sunda, urang buku basa nasional we heula, keun nu basa Sundana mah engke urang baladah deui, da bumi pangarangna ge caket ti Mgwangi , Ibu Aam Amilia tea.
Sigana rada gampil ngahiapna.
 
Nya mangga bae atuh ari sempet mah bukuna kintun ka Mgwangi, biasana urang Mayak teh sok aya ari saminggu sakali mah ka Bdg, urang sina ngabengkot we.
Atuh ka Teh Nety US di US, nuhun pisan kana kintunan bukuna.
 
MSasmita
 
 
 
-----Original Message-----
From: mj [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Friday, September 03, 2004 1:31 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: [Urang Sunda] re: bedah buku yuuu....


mangga ua, ari abdi kapeunteun pantes kanggo acara eta.

sanaos saena mah, panginten ngulem pangarang sunda. tiasa milari ka
karawitan 46. ongkoh cenah di Bandung teh aya PP SS, panglawungan
pangarang sastra sunda. ketuana teh ceu Etty RS, PNS Disbudpar.

sae tah gagasan teh. nepungkeun pangarang jeung nu macana. teu siga jaman
baheula, pangarang teh duka dimana ayana. nu kacekel kapanggih kabaca teh
ngan ukur karyana, tulisanana.

itu buku english for children, dua kardus ti teh Netty di bumi keneh,
rencana mah kanggo pabukon cianjur hiji, kanggo singaparna hiji. ke
dianteurkeun ka margawangi, sugan aya urang cianjur ka bandung, supados
teu ongkosan ngirimna. hehe

mj



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke