wa'alaikumsalam teh lilis....
mangga kalebet, angge we sampeanana mah teu kedah dileupaskeun hehehe...
punten ah teh lilis, acan-acan tos diheureuyan nya,
nepangkeun oge, abdi nami mah Panzi pituin urang PSM bandung,
ayeuna nuju buburuh di batam janten tukang sasapu di PT Sumitomo...
 
Teh lilis dimana nya di nagri deungeunna, malaysia, brunei, spore, thailand, phlipines atanapi vietnam...?? hehehe..
di ieu milis anu katelahna lembur BAKUS (babakan KUSNET (Komunitas Urang Sunda di internet)),
oge seueur baraya anu nuju ngumbara di luar nagreg,
moal disebatan hiji2 ahh da cape, ngke ge kalaluar nyalira geura..
 
cag ahhh... wilujeng ngawarung bandung..
 
Panzi
----- Original Message -----
Sent: Friday, September 03, 2004 3:52 PM
Subject: [Urang Sunda] nepangkeun

Assalamualaikum,
Punten bade ngiringan manawi ditampi,sim kuring kacida bingahna teu kahaja
mendakan site urangsunda ngiring reueus.Asa kahibur keur mah sono ka lembur
tos taun-taunan teu ningal lembur teh ,pas mendak site sundanet bari
dibarengan ku musik sunda meni asa kagagas.Kumargi sim kuring mah jauh ti
lembur ngumbara di negri deungeun . Kumargi eta bilih aya para wargi
sundaset anu linggih di Bandung cobi wartosan sim kuring kumaha kaayaan
Bandung ayeuna.
Cag sakieu heula salam kasadayana warga sundanet.


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke