Waalaikum salam !!!!
mangga teras kalebet, parantos seueur para wargi tisuklakna-tisiklukna, mangga atuh geura nepangkan dimana nya linggih, dimana bali geusan ngajadi..
Mung aya hiji lereskeuneun, ieu milis sanes milis Sundanet namung Kusnet = Komunitas Urang Sunda di Internet (kitu leres pa Kuncen...???).
Mangga teraskeun mugi-mugi sing betah sareng tumaninah janten pangbeberah manah diieu milis.
 
Pihatur
SSW

lilis muhamad <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamualaikum,
Punten bade ngiringan manawi ditampi,sim kuring kacida bingahna teu kahaja mendakan site urangsunda ngiring reueus.Asa kahibur keur mah sono ka lembur tos taun-taunan teu ningal lembur teh ,pas mendak site sundanet bari
dibarengan ku musik sunda meni asa kagagas.Kumargi sim kuring mah jauh ti lembur ngumbara di negri deungeun . Kumargi eta bilih aya para wargi sundaset anu linggih di Bandung cobi wartosan sim kuring kumaha kaayaan
Bandung ayeuna.
Cag sakieu heula salam kasadayana warga sundanet.

_________________________________________________________________
MSN Search, le moteur de recherche qui pense comme vous !
http://search.msn.fr/worldwide.asp



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke