munggaran manggih kecap 'rezab' kuring rungah-ringeuh
teu ngarti. mukaan kamus malayu, weleh teu kapanggih.
komo kamus indonesia mah. sugan aya hubunganna jeung
ngaran bulan kalender hijrah, bulan 'rajab'. geuning
lain. sihoreng geuining tranliterasi tina kecap
'reserve', anu maksudna 'simpenan' atawa 'cadangan'.
kitu ilaharna lamun urang malayu ngadopsi kecap asing
sok make cara kumaha eta kecap diucapkeunana.

eta kecap biasana disandingkeun jeung kecap lain,
misalna anu populer jadi frasa 'tanah rezab malayu'.
tanah rezab teh taya lian, tanah simpenan anu
diancokeun pikeun urang malayu. eta tanah teu meunang
dijual ka seler sejen, misalna cina atawa india. upama
rek dijual kudu ka urang malayu deui. jadi urang cina
jeung india mah ngan boga hak guna pakai. hak milik
tetep jadi hak urang malayu.

di tiap nagri aya persentasi anu tangtu, sabaraha
persen tanah rezab anu teu meunang dipindah hak
milikna ka seler sejen. eta tanah rezab teh aya
bungkeuleukanana dina perundang-undangan urang malayu.
upama dipikiran ku kuring aya untungna konsep tanah
rejab teh. salah sahijina pikeun ngabendung naon anu
ku karuhun sunda disebut 'jati ka silih ku junti'. 

geus ilahar dimana wae somah sok leuwih soson-soson
digawe. jigana kulantaran sadar, hese pakumaha, jauh
ka baraya. anu akhirna mangaruhan kana etos gawe.
maranehna leuwih getol digawe. ari pribumi sok
kadalon-dalon, pedah aya di lembur sorangan. aya
kakurangan sautak-saeutik, tinggal ngumaha, ka baraya,
ngumaha ka kolot. anu antukna tereliminasi dina ajang
persaingan jeung somah. saeutik-saeutik mah teu
karasa. kakarek karasa sanggeus eungeuh, cenah sakiutu
persen tanah tatar sunda geuning geus lain milik
urang.

upama ninggal konsep 'tanah rezab malayu', urang
pribumi teh rada katulungan. paling heunteu manehna
masih keneh boga panghasilan tina tanah warisan
kauruhun. upama konsep jiga kitu diterapkeun di tatar
sunda, meureun 'jati ka silih ku junti' teh bisa
diganti ku 'jati moal ka silih ku junti'. wallahu
a'lam.

salam,
hasan

--- oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Sane bumi Lembang bae Kang Nasir, 60% wilayah Tatar
> Sunda numutkeun hasil survey anu didugikeun ku Ibu
> Oetje Jungjunan parantos dikawasa ku etnis non
> Sunda.Anu matak pikamelangeun teh oge wewengkon
> pakidulan anu dina danget ieu parantos dikawasa ku
> etnis sanes, seuseueurna etnis Cina tea. Lahan teh
> salah satu ciri budaya tea, ilang lahan, ilang
> budaya. Kumaha atuh nya ketak urang?
>  
> Baktos,
> manAR



                
__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - 50x more storage than other providers!
http://promotions.yahoo.com/new_mail


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke