Para wargi sim abdi kantos mosting, perkawis MOU (Mutual of Understanding) antawis Menteri Tenaga Kerja RI sareng Menteri Perburuhan Korea.
Koran Kompas kantos ngamuat yen Korea taun payun bade masihan jatah 6 rebu urang Tanaga Kerja Indonesia, kanggo ngeusian kakirangan Tenaga Kerja Asing di Korea.
Namung numutkeun wartos anu dibantun ku cakcak bodas, ngawitan taun payun moal ngalangkungan PJTKI, namung bade sistim G to G, dina perkawis ieu tangtos anu ngokolakeunana Dep. Tenaga Kerja.
Tah upami eta prosedur lancar kalayan teu bulat-beulit hiji kasempetan kanggo wargi US anu kantos gaduh pangalaman ngajuragan ka urang Korea.
Sok kadinya para wargi US anu masih keneh ngaligeuh, nyobi-nyobi.
Pihatur
SSW
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

