Hiji deui tempat jajan nu matak mentegeg kana hate teh nyaeta bubur mang ajo. kieu dongengna :
Baheula keur sakola, sok diajak babaturan jajan di bubur mang ajo. ari jajan teh rereana mun poe pere, saptu atawa minggu. samemeh memantau kendahan mojang bandung di gasibu, sok nyimpang heula ka dinya, lumayan pikeun nambahan tanaga keur kukulibekan di juru gasibu. Nu matak beda, di Mang Ajo mah bubur teh kentel kacida. Dipasakna make cipati jadi karasa gurih. Istilahna teh bubur lempah. Ari deungeuna mah biasa wae, kurupuk, kacang, emping, hayam, ati, cakweh jeung rupa-rupa bungbu. harita mah mun sup ka saungna teh sok langsung disambut ku Mang Ajo kuanjeun, "wilujeng enjing, mangga linggih". Karek ge gek, sor ci enteh panas sagelas. terus ditanya, "bade setelan nu kumaha, hiji-hiji, satengah hiji atanapi hiji satengah ?". Keur nu tara jajan di dinya mah matak rungah ringeuh. ari nu dimaksud teh nyaeta kieu, di mang ajo mah antara bubur jeung deungeuna teh dibedakeun. Mun judulna hiji-hiji hartina buburna hiji, deungeuna hiji. Mun satengah hiji hartina buburna satengah, deungeuna hiji. Kitu deui mun satengah-satengah hartina buburna satengah deungeuna satengah. Sanggeus pesenan ditarima, Mang Ajo sok ngagorowok ka pagawena, "biasa, aden ieu mah satengah hiji, peujit reungit...". Hartina teh ancin daharna kurang rewog. Waktu pesenan rengse diramu, sor deungeuna dipiringan misah-misah. Ari buburna sok diputer-puter bulak balik kawas urang minang nari piring. Bari teu kendat nyarita, "tuh bubur Mang Ajo mah dibulak bali ge teu nahe ieuh da kacida kentelna". Ngadahar bubur teh di mang Ajo mah teu kendat ku seuri, sahenteuna ge imut kusabab anjeuna tara petot ngadongeng sagala rupa boh kajadian saharita boh carita banyol khas sunda. Geus puguh ari rasa mah, asana can manggih rasa bubur nu jiga kitu ditempat sejen. Salian ti rasa buburna anu gurih, ceuk cenah dongeng anjeuna, dijieunna teh make cipati ditambah ku cikalsu hayam kampung. Katambah deui deungeuna anu dipisah tea tur kaci nambah kumaha kakuatan peujit urang. Basa kamari, geus dongeng sataker kebek ka balad kumaha punjulna bubur Mang Ajo, ari pek teh manggih kaayaan jiga kieu : Ramena mah rame keneh eta tempat teh. malah mah leuwih rame batan baheula. nu balanja rata-rata mibolna pelat B, pasti urang jakarta. Sup asup ka warung tenda, culang cileung neangan tempat da pinuh. Teu aya hiji-hiji acan nu ngabageakeun. Pagawe keur riweuh sarerea. Cicing sawatara lila teu aya oge nu nyampeurkeun. Barang diilikan, tetela batur mah mesen na teh ka kasir. Geus teu aya istilah satengah hiji teh. Nu aya mah bubur jeng deungeuna. Hayang campur atawa husus hayam, husus ati atawa husu endog. Nungguan pesenan teh rada lila. barang jol, tetela nu hiji mah teu make hayam, ceunah hayamna seep (na teu dibejaan ti anggalna ?). Barang ditanya ,"minumnya apa ?" (make basa indonesia), barang nyebut Teh Panas teh teu aya, nu aya Teh nu dibotolan tea. Nya keun bae da amis-amis ge beuki keneh, ngan eta we asa leungiteun ku ci teh panasna nu seungit beda ti batur. Am bubur dihuapkeun, enyaan asa bubur. Sok sanajan masih keneh aya tapak khas bubur lempahna, ngan geus asa rada ngajauhan. Nu paling leungiteun mah ku pangbageana, "haturan, mangga calik". Na kamana ari Mang Ajo ?, wallahualam, boa tos pangsiun boa tos pupus, hanjakal kamari teu kungsi panca kaki da eta pelayan teh saribuk pisan. cag ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> $9.95 domain names from Yahoo!. Register anything. http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

