Uluh...uluh..meni siga group musik ti Amrik Kang, naon eta teh "No Doubt" ,pamegetna opatan sareng istrina saurang , sok atuh ah iraha rekaman ?
Hendri Mulyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Neraskeun dongeng tambah tiiseun :

Tabuh dua kirang langkung, Kang Yaya nelepon wireh anjeuna nuju ngabaso di
BIP. Rada heran oge naha urang sunda nu ieu mah rada resep kukurilingan di
BIP, padahal abdi mah geus aya usumna tara ka dinya, da rarasaan teh ari mal
mah di bekasi ge reunceum.

Ti itenas teh dius we muru ka BIP. Enya we saluyu jeung kahariwang kuring,
di BIP teh rada macet tur hese parkir. antukna kabagea parkir teh di
panghandapna, lantai mines tilu. naek ka luhur teh make lift, rada kumuh tur
heurin. Jog anjog ka luhur aya bioskop, jangjian papanggih di dinya. Keur
culang-cileung keneh, jol Teh Elly, Kang Yaya sareng rerencanganana. Rada
pangling ka Kang Yaya teh da jiga budak ngora pisan, nyonyoren rangsel (back
pack) jeung dikaos.

Ti dinya nelepon Kang Tatan, jangjian deui pendak di gasibu. Kuring nelepon
ka MJ, atuh sarerea ngaberung ka gasibu. Ngumpul bari seuseurian,
ngadongengkeun rupi-rupi useup pangalaman sewang-sewangan.

Ti dinya kuring terus ka Karapitan, tempat MJ jangjian rek medar novel
"wajah dalam vagina kitu ?, ah duka hilap apal vagina na wungkul. Teu kungsi
ditungguan da tos rada poek, terus we muru ka rajamantri nurunkeun
oleh-oleh, buku keur pabukon di lembur.

tos weh mulang ka cikarang...

<<kusnet.jpg>>


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





> ATTACHMENT part 2 image/jpeg name=kusnet.jpg


Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke