Waktu nungguan pesawat, di ruang tunggu Bandara El Tari Kupang,
pangangguran kuring jeung babaturan lungak-longok ka toko
souvenir. Lain rek meuli, hayang nyaho we, jeung tamba kesel
deuih. Lolobana nu dipajang di toko teh songket hasil tenun urang
NTT nu memang loba motifna. Keur alak-ilik we, waktu babaturan
noel ka kuring bari nunjuk ka barang nu bentukna
....hehehe...diteges-teges teh, patung "kagungan lalaki nu nuju
tandang", ageungna saageung luludek (mutu kanggo ngarendos)
didamelna tina keramik. Aya sababarha hiji, warnana rupa-rupa.
Kuring bati hookeun, da asa acan kantos ningali barang nu
bentukna kitu dijual sacara "terbuka" di Tempat umum di
Indonesia. Babaturan kuring mah sonagar, eta patung teh dicokot,
terus ngagorowok ka nu jaga toko: "Embak, ini barang buat apa?",
cenah bari terus diusapan.
"Tempat lada, Pak, kerajinan dari Bali", ceuk si "Embak" teh bari
gancangan ngajauhan, terus nyempod di juru jiga nu sieuneun
ditanya kateterusan. Nempo kalakuan nu ngajual, kuring jadi
surti, nu ngajualna wae ngarasa "risih" ku eta barang. Karunya
puguh oge ka si "embak" nu dipaksa ku "boss"na kudu ngajual
barang nu teu "dipikaresep" ku manehna ....hehehe.
"Seni yah Embak?", ceuk kuring teh, si Embak teu nembalan, jiga
nu bingung keneh, "Berapa harganya?"
"Tujuh puluh lima ribu pak, satu!"
Mahal geuning, jeung kacida teuing kudu meuli "tempat pedes" nu
bentukna jiga kitu mah. Ngan ras jadi inget waktu keur mahasiswa
keneh, dongeng dosen agama Islam nu nyaritakeun kumaha riweuhna
dosen Etika Agama (kristen), ngayakinkeun mahasiswina ti jurusan
Seni rupa (Jurusanana MJ ...hehehehe) supaya ulah ngotot ngilu
mamerkeun karyana, nyaeta patung "kagungan lalaki nuju tandang"
di acara pameran patung di kampus. Si Mahasiswi nyebut eta lain
pornografi, tapi seni!, si dosen nyebut seni oge kudu
disaluyukeun jeung etika /kasopanan, ulah sangeunahna. Duanana
pada ngotot, duka mana nu meunang, hilap deui dongengna. Tapi di
Bandara Kupang katingalina mah pamandegan si Mahasiswi nu
meunang!

WALUYA









------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke