Wa'alaikumsalam Wr Wb
 
Si teteh mah keur nyempod kang !!....he he
Duka tah, gudeg teh..!! nya , saur urang jogya mah seueur panginten..., nahanya naros ka teteh, da teteh mah sanes di Jogya.  NYa sawios atuh teu unggal dinten OL ge, ulah soteh ampleng-amplengan, tah anu kieu moal diaku baraya ari ngelol sakedap, ti keureuleup na lami.
Kang Kinkin, kenging gosip timana si teteh jadi kepsek..? teu kang..!! dina dicalonkeun oge , ah...alim..he he, wios mangga wae anu sanes, tah eta sifat urang sunda seuseueurna kitu, handap asor, mangga sadaya-daya, akang/teteh ti payun......keun kuring ti tukang, kuduna mah giak, jadi pamimpin teh, bae teu bisa nanaon oge pokona jadi paminpin, kitu kang Kin.....
Sumuhun lahir mah di Garut, tapi tos pareumeun obor manawi, da tos puluhtaun ngantunkeun kota garut, tapi unggal boboran ge sok ka garut nandran ka sepuh, sadayana aya di garut, kitu manawi. Dupi kang Kinkin kawit ti mana kitu? sami ti Garut..? Geuning dumuk di Korea, atuh baraya kang sidik, kang yaya, kang didat, kang saha deuinya..? seueurnya urang sunda di korea.....moal keueung teuing seueur baraya mah.
Mangga diantos nganjang ka lembur kusnet, tong hilap oleh-olehna...he he
 
Salam
teh tien
( atoh euy diteangan....he he )

Kinkin Mirajul <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaikum wr. wb.

Euleuh-euleuh eta geuning Teh Tien kawit ti Garut oge
nya, kumaha di Jogja masih seueur gudeug. hanjakal ari
simkuring mah teu tiasa On line unggal dinteun benten
sareng Teteh.

Teh Tien aya hawar aya beja, naha leres kitu ayeuna
tos naek jabatan janteun Kepala Sekolah...?
Nuhun pami leres mah, tapi pami heunteu nya lah di
doakeun ku simkuring sing enggal-enggal janteun
KepSek..., ulah Megawati wungkul anu jadi pamingpin
teh. baraya Kusnet ge keudah aya atuh nu jadi
pamingpin sok sanaos ukur Kepsek, sanes kitu ..... Teh
Tien..

Cag Ach...


Kin's
Kusnet van Seoul...


           
_______________________________
Do you Yahoo!?
Win 1 of 4,000 free domain names from Yahoo! Enter now.
http://promotions.yahoo.com/goldrush


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
Win 1 of 4,000 free domain names from Yahoo! Enter now.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke