...nyambung ti KUMAHA ARI KI SUNDA ?.....

Saha jeung kumaha ari Prabu Siliwangi ?

Prabu Siliwangi teh raja anu adil, pinter, wijaksana, jujur jeung 
kagungan dangiang atawa komara. Sipat sipat ieu pasti aya di 
ajeunna, sabab, lamun teu kitu pamohalan bias mimpin karajaan anu 
rakyatna raharja lahir jeung batin. Bisa jadi bae hiji raja 
ngabogaan sipat pinter ngolah nagara, tapi teu dibarengan jujur 
jeung adil da moal matak raharja lahir batin ka rakyatna. Paling 
paling ukur mere kamakmuran materi.
Sipat sipat adil, pinter, wijaksana, kagungan dangiang jeung komara, 
mangrupa sipat sipat luhung anu aya di jelema, mangrupa kekecretan 
tina tina sipat sipat Allah anu mulya. Hertina, moal aya jalma anu 
ngabogaan sipat mulya kitu lamun lain meunang kekecretan tina 
sabagean sipat Allah Anu Maha Mulya. Jeun moal aya jalma meunang 
kekecretan sipat mulya lamun lain jalma anu dimulyakeun ku Allah 
SWT. Sedeng jalma anu dimulyakeun ku Allah the jalma anu yakin jeung 
taan ka MantenNa. Cek agama Islam mah, jalma anu takwa. 
Kasimpulanana, Prabu Siliwangi teh jalma, raja anu yakin jeung taat 
ka Allah sarta masrahkeun jiwana ka Anu Maha Tunggal tur Maha 
Kawasa. Cek agama Islam mah jalma jeun raja anu tauhid.
Muncul pananya, naha bias Prabu Siliwangi kaasup jalma tauhid 
padahal henteu kungsi ngagem agama Islam ? Samemeh Kangjeng Nabi 
Muhammad saw digelarkeun nyebarkeun agama Islam, geus loba pisan 
jalma-jalma anu kaasup jalma tauhid. Anu pasti bae para Nabi 
saheulaeun anjeuna. Malah nembrak pisan ku al Quran para Nabi 
samemeh Nabi Muhammad disebat muslimin, jalma-jalma anu ngagem agama 
Islam, anu yakin yen Allah teh aya tur Tunggal, terus taat sarta 
masrahkeun jiwa-ragana ka MantenNa.
Sanajan ngaran agama jeung sareatna beda-beda tapi sakabehna disebut 
Islam lantaran ngandung unsur percaya, taat jeung masrahkeun jiwa-
raga ka Anu Tunggal, saperti anu diajarkeun ku Kangjeng Nabi Ibrahim 
as. Sakabeh agama anu sawarna jeung sajalan jeung agama Nabi Ibrahim 
disebut agama anu lempeng, cikal-bakalna sagala agama langit, kaasup 
agama Islam anu dicandak ku Nabi Muhammad saw.
Agama Sunda, anu wallahu alam saha nabina ( tapi pasti aya lantaran 
seueur Nabi di luar anu 25 anu dikenal ku manusa jeung nabi eta 
pasti kaasup anu disebut muslim ku Quran ), anu geus nyampak samemeh 
aya Islam candak Nabi Muhammad saw, agama anu monoteistis, nyembah 
Dzat Anu Tunggal tur Maha Kawasa, kaasup kana golongan agama anu 
dicandak Nabi Ibrahim, agama anu hanif atawa agama anu lempeng 
identik jeung Islam.
Jalma anu taat kana agama langit, kaasup agama Sunda, ngandung harti 
jalma anu percaya jeung taat ka Allah SWT. Sedeng pikeun jalma anu 
taat ka Allah SWT aya jangji Allah anu diembarkeun ku Nabi Muhammad 
saw dina salah sahiji hadits Qudsyi :
"Hey abdi-abdi KAMI, pek geura taat ka KAMI. KAMI jangji baris 
maparin sabagian tina sipat-sipat KAMI. Jeung lamun maraneh aya 
kahayang, cukup sebutkeun kun fayaa kun."
Prabu Siliwangi ngagem agama Sunda pasti kalawan kafah, paham kana 
lahiriahna katut batiniahna. Lamun hentu kitu mustahil kagolongkeun 
ka anu dimulyakeun ku Allah. Jadi asup akal pisan lamun Prabu 
Siliwangi, sabagi Raja anu taat ka Allah dipaparinan kekecretan tina 
sipat-sipat Allah anu nyukupan pikeun ngaheuyeuk dayeuh ngolah 
nagarra, nyaeta adil, pinter, wijak sarta kagungan dangiang.
Jalma badag pantaran Prabu Siliwangi biasa pisan ngajarkeun elmu 
jeung falsafah hirupna ka balarea. Aya anu ku cara nembrak, aya anu 
disilokakeun. Sabagaean gede ajaran Prabu Siliwangi disilokakeun. 
Anu pangutamana, minangka anu jadi babonna disilokakeun dina 
pakarang Sunda, Kujang. Sesana, anu aya ratusna, pating rarengkol 
dina paribasa-paribasa Sunda.
Tina Kujang anu dua pangadekna anu nyilokakeun dua rupa elmu 
mangrupa pakarang hirup, urang bias terang yen Prabu Siliwangi 
kagungan falsafat yen hirup the lumangsung di dua alam. Lantaran 
kitu manusa kudu ngabogaan dua pakarang anu sawadina manunggal dina 
hiji diri manusa, nyaeta elmu kadunyaan pikeun ngahontal kabagjaan 
dunya jeung elmu kaaheratan pikeun meunangkeun kabagjaan aherat. 
Bisa oge disebut pikeun meunangkeun karaharjaan lahir jeung batin. 
Luyu pisan jeung udagan ajaran agama Islam anu dicandak ku Nabi 
Muhammad saw anu kasohor disebut kasaean dunya jeung kasaean aherat.
Lamun urang nengetan paribasa-paribasa Sunda baris karasa pisan yen 
sabagean gede ngandung falsafat-falsafat anu Islami. Sabab kitu 
ajenna bias dimangpaatkeun saban jaman. Contona, herang caina 
beunang laukna, ngajar ati-ati dina digawe, bati-bati hasil maksud 
oge ulah bari ngaruksak lingkungan atawa ngarugikeun nu lian, 
hartina kudu wijaksana. Atawa, ulah kurung batok. Maksudna kudu daek 
ngalegaan wawasan jeung kanyaho, lamun perlu kaluar ti lembur 
sorangan. Naon bedana ajaran ieu jeung `uthlubul `ilma wa lao 
bisysyin  geura teangan elmu sanajan ka nagri Cina. Nya jauh, 
katurug-turug waktu hadits eta disaurkeun Cina the tacan kaasupan 
Islam. Aya paribasa Sunda anu ayeuna sering pisan dicutat dina 
pidato atawa tulisan, malah sering disebut puncakna falsafat Sunda 
anu unina silih asih, silih asuh, silih asah, anu hartina silih 
pikanyaah kalayan lillahi ta'ala, silih ayunkeun atawa silih 
salametkeun jeung silih simbeuh ku pangarti. Lamunn ku urang 
ditengetan kalawan leleb, dirarasakeun kalawan anteb, da moal 
henteu, pasti tepi kana kasimpulan naon bedana ajaran anu aya 
dijerona teh jeung ajaran Islam rahmatan lil `aalamiin, mawa 
kahadean, kasalametan jeung rahmat kasakuliah alam.
Loba urang Sunda anu reueus ku rarasaan Sunda teh Islam. Islam teh 
Sunda. Teu salah-salah teuing da puguh samemeh Islam datang oge 
Sunda mah geus Islam.
Tina katerangan di luhur anu sanajan samporet muga-muga urang henteu 
kaliru lamun nyindekkkeun jadi diri Prabu Siliwangi jeung jatidiri 
Sunda jaman harita. Jatidiri Prabu Siliwangi teh, nyakitu deui 
jatidiri sabagean gede rakyat Sunda harita, Taat ka Allah, ngawasa 
dua rupa elmu, nyebarkeun kahadean jeung kasalametan ka mana-mana.
Sunda jaman  ayeuna oge lamun hayang luhur martabatna kudu ngabogaan 
jatidiri kitu. Teu bisa henteu, urang Sunda anu ngabogaan jatidiri 
kitu, ku basa buhun mah mun anu ngarora disebut pandita sinatria. 
Cek basa Sunda pawayangan lalaki langit lalanang jagat. Cek basa 
Sunda modern, patriot-patriot anu religius.
Pertanyaan Kumaha Ari Ki Sunda ? jawabna : Ki Sunda baheulla teh 
satria pinandita jeung pinandita sinatria. Sunda jaman ayeuna kudu 
jaradi lalaki langit lalanang jagat.

Hanca��




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke