Punten baraya sakali deui aya nu kalangkung
pendaftaran ieu dibuka dugika ping 15 Oktober 2004.


--------------
Kahatur,
Para wargi sadaya, komunitas urang Sunda di Internet.

Sakumaha anu sateuacanna kantos didugikeun sarta
kauninga ku sadaya, yen aya rarancang Kongres
(ngawangkong teu beres-beres) Komunitas urang Sunda
di Internet (Kusnet)/Yayasan Perceka, sakantenan halal
bihalal/silaturahmi nyambut Boboran Siam 1425 H. Ku
kituna, saparantosna badami itu ieu sareng sajabina,
simkuring ti rengrengan nu kapeto janten panitia ieu
acara, ngabewarakeun sarta ngulem ka sadaya wargi
kanggo sumping dina acara dimaksad nu insyaAlloh seja
lumangsung dina

Dinten : Saptu, ping 27 Nopember 2004
Tempat : Taman Rekreasi Cimalati (Sukabumi)
Waktos : tabuh 10.00 dugika rengse

Sim abdi saparakanca tirengrengan panitya halal bi
halal ageung anu di pihareup kana kasumpingan sadaya
wargi dina waktosna.
Jalaran keperyogian administrasi, sasayagian konsumsi
sareng sajabina, kanggo para wargi anu rencana bade
ngiring ngaluuhan eta acara, disuhunkeun karidoan
manahna kanggo ngeusian formulir pendaftaran (conto
formulir aya dihandap).
Sakitu anu kapihatur, wilujeng tepang di Cimalati.


Bogor, 10 September 2004
Pupuhu Panitya

Eko R. Nugraha
-----------------------------------------

Catetan:
* Panitya nyayagikeun 30 �panyangcang hate� oleh-oleh
ti Korea kanggo anu sumping pangpayunna
* Kanggo anu nganggo kaos Kusnet atanapi kaos anu
nyumiratkeun kareueus kana kasundaan, haratis lebet ka
Taman Rekreasi Cimalati)

--------------------------------------------
Formulir Pendaftaran
--------------------------------------------
WASTA : Eko Ruska Nugraha
PADUMUKAN: Bogor
JUMLAH*: Dewasa �2� (jalmi)
Murangkalih .1. (jalmi)
SARANA TRANSPORTASI**: (Umum) pribadi atanapi umum?
TITIK BERANGKAT***: Bogor
--------------------------------------------
Mangga kanggo formulir pendaptaran kantun dijapri ka
email kang kandar : [EMAIL PROTECTED]

Hatur nuhun kana perhartosanana
@ERN


=====
-----------------------------
http://www.urang-sunda.or.id
-----------------------------


                
_______________________________
Do you Yahoo!?
Shop for Back-to-School deals on Yahoo! Shopping.
http://shopping.yahoo.com/backtoschool


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke