Nyambung ti Saha jeung kumaha ari Prabu Siliwangi ?...... Saha ari seke-seler Ki Sunda ?
Lamun urang nyebut Sunda, anu dimaksud bangsa Sunda umumna. Tapi lamun geus nyebut Ki Sunda, anu dimaksud leuwih ngariut, khusus urang Sunda anu istimewa, anu ngabogaan sipat khusus, anu pantesna ngabogaan jati diri Sunda. Jadi lamun ditanya saha seke seler Ki Sunda, maksudna urang Sunda anu ngabogaan jatidiri urang Sunda baheula, nyaeta para satria pinandita atawa pinandita sinatria atawa lalaki lalanang jagat tea. Ssaha eta teh ? Sateuacan ngahiang Prabu Siliwangi kantos ngariungkeun baladna sarta ngembarkeun yen lalakon Pajajaran ngan tepi ka poe harita. Kulantaran anjeunna teue kersaeun nyandak rakyat balangsak, anjeunna maparin opat pilihan. Masing-masing bebas milih nurutkeun kahayangna. Pilihan kahiji, anu rek tetep satia ka anjeunna supaya misah di beulah kidul. Pilihan kadua, anu rek baralik deui ka nagara anu arek ditinggalkeun supaya ngariung di beulah kaler. Pilihan katilu, anu rek kumawula ka anu keur jaya, supaya ngumpul di beulah wetan. Pilihan kaopat, anu moal milu ka saha-saha supaya ngumpul di beulah kulon. Anu milih kadua, katilu jeung kaopat ku anjeunna ditorah. Saurna, anu nyokot pilihan kadua, anu ngumpul di beulah kaler, bakal jaradi somah. Lamun aya oge anu luhur pangkat moal boga kakawasaan. Bakal kaseundeuhan ku batur anu sarusah jeung anu nyusahkeun. Golongan ieu, kitu ge anu hade laku lampahna tur butuheun, sawaktu-waktu baris dilanglang ku anjeunna dibantuan ngungkulan kasusahna. Anu nyokot pilihan katilu, anu misahkeun maneh di beulah wetan, saur anjeunna, bakal milu jaya jeung anu kawasa, bakal marentah dulur sorangan jeung ka batur jeung bakal kamalinaan. Antukna bakal narima wawalesna. Sedeng anu milih anu kaopat, anu ngariung di beulah kulon, anu moal milu kasasaha, diparentahkeun sangkan jaradi ahli sajarah, nyukcruk galur mapay laratan urang Sunda nyingraykeun tapak-lacak Ki Santang, terus jadi juru geuing ka batur salembur, dulur sauyunan, ka sakabeh anu rancage dina hatena. Anu milih tetep satia ka anjeunna mah henteu disabit-sabit. Nilik kana sipat pilihan jeung ramalan anjeunna, sigana anu milih kawetan mah, anu rek biluk ka anu kawasa moal bisa disebut Ki Sunda da sidik geun ninggalkeun jati diri Sunda. Anu milih ka beulah kaler najan masih bisa disebut seke seler Sunda, tapi kaasup golongan anu lemah an henteu boga kakawasaan, anu baris sarusah hirupna. Kaayaanana jauh tina implengan ajeunna, tepi ka perlu dilanglang ku kanyaah anjeunna jeung baris dibantuan. Kitu ge ukur anu hade laku lampahna. Anu milih ka lebah kulon, diparentahkeun jeung diramalkeun bakal jadi kaum terpelajar urang Sunda, khususna dipentes jadi ahli sajarah kasundaan anu boga kawajiban ngelingan dulur jeung batur batur salembur jeung batur anu kungsi sauyunan, ka sakabeh anu rancage dina hatena. Anu dina hatena aya rasa hormat, reueus, nineung jeung nyaah ka anjeunna, aya keneh kadaek najan bari hese beleke ngajalankeun ajaranana. Golongan ieu jeung turunanana bisa disebut seke- seler Ki Sunda. Nu milih tetep ssatia mah, anu misahkeun maneh di beulah kidul, henteu disabit-sabit. Tapi ku urang bisa kabaca yen satiana the lahir batin tanpa pamrih. Teu keueung ku kabalangsakan anu digambarkeun ku anjeunna. Jumlahna pasti saeutik pisan dibandingkeun jeung anu sejenna. Malah dijumlahkeun jeung anu milih ka kulon oge tetep jauh leuwih saeutik batan anu kakaler jeung ka wetan dihijikeun. Jumlah anu saeutik, tur bisa dianggap ngawakilan balarea, jaman ayeuna mah disebut kaum elit. Jadi. Ki Sunda teh elitna urang Sunda. Seke seler Ki Sunda elitna urang Sunda kiwari anu kudu ngabogaab jatidir Sunda seperti anu dicontoan tur diajarkeun ku Prabu Siliwangi : satria pinandita, pandita sinatria atawa lalaki langit lalanang jagat. Lamun para elit Sunda ngabogaan jatidir ieu, teu mustahil Sunda geus luhung martabatna ti beh ditu keneh, moal kokosodan bari rumahuh kawas ayeuna. Hanca�.. ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

