assalamu'alaikum wr. wb.

bagja pisan di aku baraya ku Teh Tien, hapunteun pisan
sanes abdi teu hoyong unggal dinteun ngelol ka BAKUS
teh da kumaha atuh beut rariweuh geuning, komo ayeuna
mah kaleresan simkuring sareng rerencangan di IKMI
(Ikatan Keluarga Muslim Indonesia) Korea nuju seueur
persiapan. nu Kahiji, persiapan mayunan liburan chusok
(hari raya Korea), gaduh maksad seuja nganjang ka
masjid al-Fatah di Pusan anu perjalan ti Seoul ka
Pusan teh butuh waktu 6 jam naek beus, eta ge pami teu
macet, duka pami macet mah.

anu kadua, kaleresan simkuring saparakanca di IKMI
ayeuna  oge nuju ngarintis hoyong gaduh musholla,
margi da di Korea mah geuning seusah pisan hoyong
gaduh tempat ibadah nu merenah teh, janteun ayeuna
nuju mak mak meuk meuk, kaditu kadieu milarian tempat
nu tiasa di Sewa kangge musholla. hampir 2 sasih ieu
kaditu kadieu akhirna alhamdulillah ayeuna parantos
kenging tempat teh di sabudeuren Seoul keneh, kangge
baraya Kusnet di Seoul mah tangtos teurang panginteun
wilayah Guro Dong... tah palih dinya simkuring
saparakanca kapayuna seuja nyusun sareng
ngarencanakeun program kegiatan dakwah di Korea.

saparantosna kenging tempat, aya keneh udageun teh
geuningan Teh Tien... kang Murdi, nyaeta keudah sayogi
artos kangge jaminan sewa 5 juta Won (35 jt Rupiaheun)
dina waktu nu samporet, di bere bates waktu neupi ka
akhir bulan 10 (31 Oktober), jaminan 5 jt won teh kudu
tos beres, samentawis artos nu aya di kas bendahara
nembe aya 1,8 jt...

tah janteun simkuring ayeuna nuju marathon ngudag
artos nu keudah aya 5jt tea. sabisa-bisa sareng kang
Ijay (RIZALUL HAQ) ngeurahkeun barudak pengurus sareng
jamaah pangajian rutin ti ngawitan dinten mingon
kamari kangge ngagalang kakirangan dana...

tah tah tah... boh bilih Teh Tien Kang Murdi sareng
sadaya baraya kusnet nu gaduh maksad seuja ngabantos,
sok diantos pisan sok sanaos mangrupi doa ....

kangge kang Murdi dimana tah baraya di Kadungora na
teh, pan simkuring ge asli ti kadungora, caket pasar
kapungkur atanapi caket pisan ka Stasion...
cag ach....

Kin's 
Baraya Kusnet ti Seoul....


        
                
__________________________________
Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - 100MB free storage!
http://promotions.yahoo.com/new_mail 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke