DURJANA NGAMBAH NAGARA 

Deudeuh teuing nagara kula
Diruksak dirogahala
Ku anakna sorangan nu dalurjana
Wangunan runtuh, raga paragat
Getih pati mancawura maseuhan bumi

Deudeuh teuing sarakan baris keur mulang
Diteang ngan ukur lewang
Harengheng balas ku getreng
Hayang boga palungguhan sewang-sewangan
Najan kudu noker dulur

Lamun cenah "sia" kumayua 
Hayang neunggar si gajah meta
Jung geura jugjugan lemburna
Serangmah sarakannana
Montong ngagalaksak nagara

Belegug sia belegug
Bet tai ka hulu-hulu
Ngadon ngaruksak sarakan
Nu cuamah surakna emprak-emprakan
Naha sia teu era???

Deudeuh teuing nagri kuring
Nu hariringna ganti ku humarurung
Bongan anakna sorangan
Dalurjana nyambat setan
Cik saha nu bisa meta?

Yaya Rukayadi
(Tungtung Seoul, Salasa, 14 September 2004) 


                
__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - 50x more storage than other providers!
http://promotions.yahoo.com/new_mail


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke