1.
Hoeloe Sapi djeung Hoeloe Bapa.
Pa Basrit euweuh deui gawena saban-saban poe ngan ngangon sapi bae djeung anakna ka tegalan, nepi ka euweuh waktoe keur migawe pagawean anoe sedjen, koelantaran oenggal poe teh indit soeboeh datang poek.
Dina hidji mangsa si Basrit parea-rea omong djeung bapana, nepi ka bapana ditakol sirahna koe kai. Bapana pohara teu soekaeunana lantaran sirahna geus ditakol tea. Tidinja terus manehan dawa ka hakim, pokna : Abdi teu soeka hoeloe abdi ditakol ku pun anak. Saoer hakim : Eta anak maneh geus disakolakeun ?, "Soemoehoen teu atjan.."
tjeuk Pa Basrit.
"Naon bae atoeh gawena sapopoena..?" saoer hakim.
"Ti leuleutik dongkap ka ajeuna, gawena ngan ngangon sapi bae"
 Saoer hakim :"Ajeuna mah montong njeri hate, hampoera bae anak maneh teh, sabab tatjan njahoeun beda sirah maneh djeung hoeloe sapi.."
 
2.
Noe rek ngandjuk.
Hidji djalma katjida pisan hajangna kana hidji barang noeu aja dina hidji toko. Manehna pohara soesaheunana, lantaran teu boga doeit, taja deui piakalaeunana kadjaba ti kudu ngandjuk. Tidinja eta djalma teh tajohna lahlahan (onverschillig) bae, dibere henteuna mah koemaha engke, toeloej ka toko.
Barang geus asup pokna : Tabe babah, koering kira-kira lamun ngandjuk barang ti dieu bakal dibere..?
Djawab babah : Nja lamoen aja noe nanggoengna (borg staan of dragen) mah, masih sababaraha oge dibere bae.
Tjeuk nu rek ngandjuk : Handjakal teu mawa rantjatan.
 
 
 
MSasmita
meunang nyutat tina buku De Soendaneesche Taalcursus/LA Lezer/ Bandoeng 1931.
 
 
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke