Tos lami kang......tahun 84, terakir di sma 1 hiji teh, sami tos harilap deui rerencangan teh, mung waasna wae.....da sok resep mapah ari ka sakola, da teu tebih di jl. Kusumaatmaja, di bumina aki Santang, anu panggung jangkung geuning, tilas bumi jaman walanda..
Dupi ayeuna dimana linggihna.?
 
Baktos
teh tien

Kamal Idris <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Adnan... leres abdi ti Cijantung ( Sukatani ) kapungkur mah kalebet desa Sukatani sateu acan pemekaran daerah teh.
 
Teh Tien...  iraha teteh ngawulang di SMAN 1?? abdi lulus taun 1989, Pami ibu Ratna anu ngawulang bahasa inggris mah guru favorit abdi duka ayeuna ngawulang keneh atanapi henteu. upami anu sanes mah abdi harilap deui namina, ibu Tati teh anu ngawulang sejarah atanapi bahasa Peranscis kitu? punten ah hilap deui...
 
Baktos,
Kamal
 
 
 
---- Original Message -----
From: teh tien
Sent: Wednesday, September 15, 2004 3:27 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Dongeng ngeng...

Kang Kamal,. cing sok saha wae eta guru di SMA 1 Purwakarta teh...?
Ibu Ratna, Ibu Tati, Pa Herman, Ibu LIlik, aya keneh kitu eta ibu * bapa guru teh...?
Apan teteh oge Di SMA N 1 Purwakarta, aya kana 6 tahunna didinya.....
 
Salam
teh tien
( emut kapungkur di Purwakarta )


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
vote.yahoo.com - Register online to vote today!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke