Wilujeng Wengi
 
Ieu kempelan teh kan kanggo ngamumule basa sunda sanes ? tah kumargi kitu upami aya nu lepat urang silih lereskeun sanes ?  Kecap rorompok sanes kanggo nu sanes tapi dilarapkeun kana milik nyalira. janten kanggo anu sanes mah cekap bumi wae leres henteu ??? upami abdi lepat hapunten oge nya.
----- Original Message -----
Sent: Tuesday, January 14, 2003 2:25 PM
Subject: [Urang Sunda] Malem minggu ka Taman Cimanggu

Basa keur malem minggu kamari, abdi ka Taman Cimanggu mung hanjakal teu tiasa dongkap ka rorompokna Kang Eko kumargi harita tos tabuh 12 wengi, didinya abdi tepang sareng rerencangan kuliah diantawisna aya lanceukna Kang Hendri van Cikarang tea, ceuk emutan teh nembe 3 minggu kamari tepang jeung Kang Hendri di ieu tempat, ayeuna jeung lanceukna, mulih ti Taman Cimanggu tabuh 04 subuh, padahal mah hoyong pisan tepang sareng Kang Eko bade ngobrolkeun perkawis "halal bi halal" tea harita tos cape pisan. Hapunten Kang Eko...............


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke