Oso oshipshio neng AN
Hatur nuhun kana waleranna mudah-mudahan neng AN heunteu lieur deui, kujalaran seueur PRna.
Ari apih ssw osok nyarios naon? abdi mah asa rarewas bilih dibeuleukseukkeun wae, tapi apih ssw bageur pisan asa ka bapak nyalira, osok mamatahan, osok nyeuseulan, osok ngajajanan oge sih, da abdina bageur pisan, maklumlah Horebi.
Neng AN ari pernak-pernik ti korea teh seueur pisan, abdimah mani barieukeun balanjana, bingung pisan, itu sae, ieu sae anu pasti heunteu sami sareng anu dibantun ku apih ssw, pokokna mah asiiik punya, tapi nyakdakna kumahanya sieun pasawatna teu tiasa hibeur he he he he........... ari daehan minkook teh hartosna republik korea kitu tah neng AN, hatur nuhun.
Wassalam,
sarangheyo,
Ani Puspita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Walaikum salam wr.wb.Wilujeng siang oge akang,Aduh eta nyarios naon ani lieur teu ngartos, kedah dipasihan kelas khusus kanggo diajar rupina mah nun hehehe...Sumuhun, kahartos ku kasibukan urang teh, kitu oge ani seja dihapunten nembe tiasa muka serelek sanaos teu sapertos akang nu mobilitasna sering, ani sering payuneun kompi teh meresan PR ti dunungan janten teu wantun noong kaditu kadieu heula sateuacan PR di laporkeun ka sakadang juragan hiks...........abdi ge uninga kasibukan salira teh ti apih SSW, saurna anjeuna sering nguprak-nguprak salira kanggo muka serelek, hehehehehe (punten ah apih di bocorkeun.....)Perkawis bazar, mangga kulan simkuring ngaraos bingah nampi nu daftar teh mung sok panasaran ieu teh, ari Dae Han Min Kook teh sapertos kumaha ? tumaros soteh sanes kunanaon kumargi bilih aya cinderamata anu sami sareng nu tos didaftarkeun kapribados. (bari jeung kumetaph eung, hoyong dipangmungkuskeun anak koreak),Mangga diantos waleran na....Phatur baktos,neng an...-----Original Message-----
From: Eddy Sutardy [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Thursday, September 16, 2004 9:35 AM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: [Urang Sunda] Kanggo neng ANAssalamu'alaikum wr, wb.wilujeng siang neng AN ............Annyonghashimnikka? Manna poeo pan-gapsumnidaPunten simkuring kang eddy tea, anu nuju macul di nagari ginseng, simkuring sanes bedegong sareng joledar kumargi dina penggantian musim haredang ka musim gugur seer pisan geugeuden tamu kantor (DELRI) dongkap ka Seoul, sebagai patugas protokol sareng calon MA (Master of Airport) di IIA University, simkuring jarang-jarang aya dikantor pasusubuh tabuh lima langkung sakedik simkuring parantos angkat ka Incheon International Airport ( 53 km) kadang-kadang dugi kawengi, puntennya sakali deui simkuring jarang online.Sakantenan neng AN upami tiasa sareng teukaabotan simkuring bade ngiringan Bazzar dina acara "Cimalati Halalbihalal Kusnet 2004", singkuring bade ngabantun pernak-pernik khas Dae Han Min Kook (Korea), kumaha neng an tiasa heunte? pokokna mah khusus kanggo neng AN bade dipang mungkusken anak korea, ieu mah sanes nyogok he he he he ........Salam baktos ka wargi kusnet dimana wae ayana, komapsumnida.pihaturna,sarangheyo.
Do you Yahoo!?
vote.yahoo.com - Register online to vote today!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

