|
Ceu Odah teu genah hate basa
aya beja di Batawi keur usum bom deui. Ngarasa melang ka
salakina lantaran geus tilu bulan teu beja teu carita.
Biasana unggal malem saptu sok nguruyung kalembur bari jeung rarebo
kukasono rangkibung ku rasa rindu. Keur baluweng kitu ras manehna inget ka si
Abah Burahol anu kasohor weruh sadurung winarah saciduh metu saucap nyata. Sugan
we cenah si abah bisa dipuntangan tulung ceuk pamikirna.
" Naon pamaksadan salira bet
nepungan ka abah ?" tanya si abah, biwirna semu kumetap ningali pangawakan
ceu Odah anu sakitu seksina.
" Numawi abah....tebih tebih kadieu
sanes jabung tambuh laku sanes tanpa seja, nanging bade nyuhunkeun
pitulung,mananawian,da abah mah tos kaceluk weruh sadurung winarah !" ceuk ceu
Odah, mimiti ngabejakeun pamaksudanana.
" Sok bejer beaskeun ulah ringrang
ulah hariwang,ulah era era ka abah mah !"
" Numawi abah..abdi teh gaduh
pameget tapi tos tilu sasih teu aya emol emol...teu aya beja
teu carita,sanes nanaon hariwang ma'lum ayeuna teh dipanyabaanana nuju usum
bom !"
" Oh kitu...ke atuh wang
tarekahan ku abah!" Tembal si abah bari terus nyadiakeun cai
dina baskom, sungutna kunyam kunyem mapatkeun jampe pamake, kumisna anu baplang
milu unggut unggutan kawas hurang kasaatan.
" Ke..ke...ari salaki nyai teh
kumisan kitu ?" tanya si abah
" Leres abah...leres kumisan..duh
waas ku kumisna we..tos lami teu kuruyad kereyed kana pipi abdi !"
" Coba geura tingali ku nyai naha
bener ieu teh salaki nyai ?" ceuk si abah bari ngasongkeun baskom anu dieusian
cai herang.
" Euleuh etah si nurustunjung
ngeunah-ngeunah we...make lelendean sagala..saha eta teh nu gigireunana abah
?" tanya ceu Odah bari ngeupeul ngeupeul leungeuna.
" Mun percaya mah eta teh maru nyai
!"
" Baruk...maru !? paingan atuh ari
maru mah dipelong dina baskom bet ngajebian !"
" Terus ayeuna nek kumaha?"
" Matak kitu ge salaki abdi teh
geus teu cinta deui,teu sudi ari kudu dicandung mah. Ayeuna mah kieu we bah,
raheut ku lalaki cenah ubarna kulalaki deui,cik atuh pangtoongkeun sugan we
aya gantina kanggo abdi...!"
" Heug atuh ari kitu mah..wang
tarekahan deui !" ceuk si abah bari kunyam kunyem deui,terus melong kana
baskom.
" Nyi tinggali geura tos ngelemeng
dina cai raray pijodoeun nyai !"
" Mana bah... kawas Adam
Jordan atawa kawas Jeremy Thomas ?"
" Tingali we !" si abah bari tetep
manco kana baskom.
" Geuning ...eta mah siga
kalangkang raray abah !"
" Ceuk abah ge tong tebih tebih
teuing milari gantina nyi....abah ge puguh keur neangan gantina si ambu ieu teh
!" (SR) Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
|
- Re: [Urang Sunda] Melang--> hatur nuhun Kang syam ridwan
- Re: [Urang Sunda] Melang--> hatur nuhun Kang Dhanny Kurnia

