Assalamualaikum Wr. Wb
Wilujeng wayah kieu saderek sadayana, tipayun pribados seja ngahaturkeun nuhun kana kasayagian para saderek nu tos kersa maos ieu serat canggih, oge hatur nuhun ka moderator nu parantos nyayagikeun ieu rohangan pikeun urang patepang.
Anu salajengna,dina kasempetan ieu pribados bade ngadugikeun neda sihapunten anu saageung-ageungna ka sadaya warga negara Indonesia, utamina ka Bapak SBY sareng Ibu MGW dumeh dina preng na Pemilu nu bakal dongkap pribados moal tiasa ngiring partisipasi komo babantu mah, hapunten pisan kumargi dina dinten anu sami pribados bade ngayakeun acara " Dhanny ngahuleung sorangan " anu tempatna di teras payun sasaungan pribados. Kumargi acara eta kacida pentingna kanggo nasib pribados kapayunna atuh wayahna moal tiasa diganggu ku acara sanes sapertos Pemilu eta.
Sakitu anu kapihatur, hatur nuhun kana perhatosanana Wabillahi Taufik Walhidayah Wassalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh


Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke