Poe jumaah rada telat mulang ti sakola teh, terus ngajemput Aiko di sakolana. Nepi ka apartemen, saperti biasa sok ngalongok tempat surat di handap. Teu saperti sasari, katingali rada metet eusina teh. Ditingali 5 surat ukuran kabinet jeung 2 ukuran rada gede. Anu lima saperti sasari, urusan tagihan mimiti telpon, ketai, internet, cai jeung gas rek dipotong tina rekening dina tanggal 25-an. Anu dua, hiji ti sakola hiji ti kedutaan, pasti ieu mah urusan pemilu.
 
Rada cape tepi ka rohangan teh, maklum di tingkat 4. Bro we surat teh diteundeun di luhur meja, surat ti sakola mah diasupkeun kana tas. Rencana teh minggu beubeurangan, surat suara rek diposkeun ka KBRI, sakalian neang perangko di sakola.
 
Saptu isuk-isuk, Aiko geus hudang, hayang make baju anyar musim tiris, pedah katembong langit rada ceudeum jeung rada tiris. Kareret termometer rohangan geuning 24 derajat, meureun we rada tiris dan biasana sakitar 30. Saperti sasari, mun Sabtu kuring sok rada daekan ngotak-ngatik wikipedia basa sunda, nya terus anteng we hareupeun komputer. Kareret Aiko deukeut meja tempat neundeun surat, teu diperhartikeun ieuh da nu inget mah eusi surat teh ngan tagihan wungkul.
 
Tadi isuk jam 10-an rek ka sakola, inget rek ngeposkeun surat suara teh. Naha surat teh euweuh dina luhureun meja, boa-boa kamari dipake kaulinan. Ditanyakeun ka Aiko teh, enya cenah kamari ngoprek surat, gambarnya bagus-bagus. Ditanyakeun dimana kalahka balaham belehem, maklum budak teh umurna karek 3 tahun tanggal 27 bulan ayeuna, ngobrolna geus campur jeung basa Jepang. Nya jeung indungna diteangan, weleh eta surat suara teh teu kapanggih, teuing diselapkeun dimana.
 
Punten we ieu mah ka KPU, sanes teu hoyong ilubiung dina pemilu tahap kadua, ngan kumaha deui da surat suarana oge leungit ... blasss .... Isukan panungtungan ngirimkeun surat suara teh, ngan isukan kuring rek ka Osaka, mun kapanggih rek dibawa sugan manggihan kotak pos di jalan nu kaliwatan.
 
Cag ah ... bisi panjang teuing
 
budhi
oritate permai
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke