Tadi isuk-isuk meunang pancen ti dunungan pikeun ngawawancara pelamar keur karyawan anyar di departemen kuring,lain pedah kuring bagean HRD kusabab aya aturan di pausahaan kuring kudu aya wawancara akhir di departemen user na.
Kandidat teh aya 5 urang, nyaeta dua lalaki sesana awewe.
Barang asup kandidat nu kahiji, song manehna ngasongkeun lamaran, da eta mah parawargi ampir kuring ngabaratak, bade percanten mangga bade heunteu oge mangga, ieu budak teh ngaranna " Putra Bandara " , panasaran ditanyakeun sajarah ngaranna, sihoreng manehna cenah lahirna teh di ruang tunggu bandara polonia ngan kusabab urang sunda jadi teu make marga.
Anggeus wawancara, panasaran mukaan file database karyawan di Pausahaan , susuganan aya deui ngaran sejen nu rada aheng, gorehel teh meunang tilu, nyaeta " Kuwat Prihatin ", " Bening Suci Hati ", jeung " Lulus Ujian "
Isukan mun aya waktu rek ditingalian hiji-hiji kumaha jirimna jalma nu boga eta ngaran
Aya-aya wae ngaran jalma .....
 


Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke