Nyeta teu tiasa, Mang. Jigana mah pedah salinanana goreng (hideung), jadi
weh scanner/acrobat readerna teu bisa ngabedakeun antara teks jeung gambar.
Diblok teh teu nyanggut wae... Pami hoyong nu aslina mah nya paling dina
format gambar wae nya, tapi ke heula, kedah discan heula...

Edas, ari Mang Ha. Kapan sateuacanna ge diseratkeun, yen nu ngarangna Moh.
Sanoesi, penerbitna "Padjadjaran". Simkuring teu terang naon ari  saleresna
anu disebat "Padjadjaran" di dieu, da jigana mah sanes wungkul ngaran
penerbit, jigana mah sarupaning organisasi. Buku ieu terbit bulan oktober
1919.

Sakantenan atuh urang dongengkeun sakedik perkawis nu janten latar ieu
tembang, nyaeta kajadian nu katelah GENJLONG GARUT atawa GARUT GENJLONG teh.
Ka nu uning alangkung paos, mugi kersa ngalereskeun/ngalengkepan dina
kakiranganana...

Kuring poho deui taun sabaraha persisna ieu kajadian, awal2 abad ka-20 we
lah (nempo terbitna ieu buku taun 1919), jaman urang dijajah keneh ku
Walanda. Sawareh rahayat nu diluluguan ku H. Hasan (basis pasantren) nolak
kahayang pamarentah jajahan nu naekkeun pajeg hasil bumi (utamana hasil
tatanen pare). Hal ieu manjang nepi ka kaayaan beuki panas, duanana
pakeukeuh-keukeuh. Pamarentah lokal nu dipingpin ku--nu dina buku ieu
disebat--Si Cadok tea beuki nekad. Nya kitu oge pihak H. Hasan. Nalika pihak
pamarentah ngajorag tempat H. Hasan, anjeunna sareng sababaraha urang anak
buah/muridna pengkuh teu nedunan kahayang dalem. Aranjeunna ngumpul di hiji
imah nu ditutup rapet. Sanggeus sababaraha kali dititah kaluar teu nurut
wae, antukna eta imah teh ditembakan bebeakan. Saterusna mah nu aya teh
aworna sora bedil ti luar jeung koceak sarta takbir nu dijero imah, nu tiwas
aya kana welasan pami teu lepat.
Kajadian ieu matak geunjleung pamarentah Hindia Walanda, sabab kaekspos nepi
ka Volksraad. Pihak pamarentah Walanda loba disalahkeun, sabab sabenerna teu
kudu nepi ka banjir getih, cukup ku ditewak, da teu aya perlawanan fisik.

--
k#5

--------- Original Message --------
> acrobat reader 6.0 bisaeun jk. bisa milih teks atawa
> gambar ngarah bisa diropea ku editor. malah bisa oge
> direkam jadi file teks. mun di-scan lengkep, leuwih
> ginding geura. keur mitembeyan nurutan 'gutenberg'
> tea. sakalian atuh katerangan bukuna anu lengkep,
> judul, pangarang, penerbit, jeung titimangsana.

________________________________________________
Message sent using QuasarMail 1.0



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke