aya deui geuning cep ule geura sok mun budak sok di ayun-ayun bari dikawihan :
Nelengnengkung-neleng nengkung
geura gede geura jangkung
geura sakola ka bandung
geura makayakeun indung (bapabamah teu kasebut)
---
----- Original Message -----
Sent: Wednesday, September 22, 2004 10:34 AM
Subject: RE: [Urang Sunda] Kawih keur budak

Wilujeng enjing Ua Tito.. kumaha damang, oge baraya sadaya..
muhun Ua, abdi oge sok emut kadinya.. malihan mah seueur anu hilap..
sapertos bari ngusapan sampean budak.. ti bitis dukikeun ka ping ping teh.. sok bari nyebat sursar..sursar.. kaituna hilap deui..
 
teras ayeuna sareng pun anak teh sok nya kitu disimpen dina sampean di ucang anggekeun...
 
Baktosna,
Ule...* budak geus 7bulan umurna tapi msh males ngorondang.. hayangna dipapah bari lelengkahan...
-----Original Message-----
From: Tito Suryana [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Wednesday, September 22, 2004 10:05 AM
To: Sunda
Subject: [Urang Sunda] Kawih keur budak

baraya masih emut basa keur leutik mun hujan teh sok ngawih :
Trang..trang..kolentrang
silondok paeh nundutan
mesat gobang kabuyutan
.....hilap deui..
 
mun keur leutik sok nangkel dina suku kolot sok dikawihan kieu :
uncang angge..uncang angge
mulung muncang ka paranje
digogog ku anjing gede
anjing gede nu mang lebe
ari gog...gog cungunguuuung.....cenah bari suku kolot ditaekeunn


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke