Asana
kuring kungsi posting dina taun 2002 sugan jeung sugan aya nu terang dimana
tempatna ari Kawasen, tug dugi ka ayeuna rarasaan mah teu aya pisan
bongbolongan, pangna naroskeun ieu patempatan teh teu aya sanes iwal ti hayang
terang bae, pedah eta mindeng maca dina sababaraha buku sok nyabit nyabit nami
Kawasen.
Ari
kamari kurah koreh kana bundel kliping ti Kang Oby, gorehel teh manggih buku
ipis judulna Mengenal Kadaleman Kawasen (1579-1810) nu diserat ku Drs Djenal
Abidin terbitan YPI Al-Hidayah Ciulu Banjarsari Ciamis taun 2001, atuh puguh we
eta buku teh rada digulang gaper.
1.
Harti Kawasen, lamun tea mah kecap kawasen asalna tina kecap kawasa nya meureun
hartina teh boga kakuasaan, atawa tina kecap wesi/beusi anu jadi kecap wewesen
anu hartina pangaruh atawa kawani, eta dua kecap teh boga harti meh
sarimbag.
2.
Lokasi Kadaleman Kawasen baheula ayana di daerah Ciamis ayeuna (naha kaasup
Banjar kitu?) disisi Citanduy deukeut ka Bojonglopang atuh beh dituna, sisi
laut, deukeut ka Pamotan.
3.
Dalem ( Bupati ) Kawasen anu kawentar nyaeta Dalem Sutanangga, nu gagah
sakti (ceuk sawareh nu nalukeun Dipati Ukur).
4.
Kawasen dibubarkeun dina taun 1810 ku Daendels.
Lamun
urang rek ka Pangandaran ti Ciamis, tangtu bakal ngaliwat Kampung Cangkring, tah
tidinyabaka manggihan sababaraha tempat anu disebut karamat diantarana Karamat
Empu Gosali, Karamat Naga Runting, Karamat Kawasen, duka naon nu disebut karamat
teh sigana makam.
Cag
ah...!
MSasmita
(rada
hese nyingket jeung narjamahkeunana)
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

