Hatur nuhun ka baraya sadayana nu tos ngiring masihan pilihan, duka tah nu mana anu bade dipilih teh, sigana kedah menekung ngaraga meneng, tapa heula, ngantosan wangsit nu mana anu pangsaena.
Ayeuna asa seueur toko/kios buku anu ngaku toko/kios buku alternatip, basa naros naon hartosna alternatip didieu naha pedah aya buku buku rada ka "kiri-kirian"...atanapi naon..?
Ari jawabanana teh hartosna alternatip didieu nyaeta ngayakeun toko toko buku alit tapi lengkep kanggo meuncit dominasi toko buku ageung. nu hargana teu tiasa ditawar/ teu aya diskon, janten "si pembeli" teh aya pilihan sok sanaos tempatna kirang merenah tumaninah teu siga di toko buku ageung nu agreng nyecep tiis dilayanan ku nu gareulis.
(eta diantawisna pangna sim kuring nyelapkeun hiji nami Alternatum......duka teuing leres duka hanteu tah eta kecap teh..)
 
Insya Alloh...dina mangsana MPP taun payun sim kuring bade ngalalanyahan dagang buku, nya kitu we buku bukuna salian ti kasundaan sareng buku buku sanesna nu rada aya ajen "pencerahanana" sakedik mah, ari kiosna mah tos aya di pasar buku Suci di Jl Surapati pengkereun Pusdai, teu ageung mung ukur disebat kios.....!!.
Dina plang nami teh rek diserat "kibuku Alternatum/ Kawung Anten/Amparan jste...tempat mangkal para pembaca"
kibuku = kios buku kuring.
 
MSasmita
(taun payun mah bilih peryogi buku tong kamamana nya ka sim kuring we...!!..sanes promosi ieu mung ngawartosan)
-----Original Message-----
From: Ina Ratnawulan [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Thursday, September 23, 2004 3:53 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: Re: [Urang Sunda] Lamun Uing......!!

Bieu pisan tos aya kursus bahasa singkat sareng maha guru abdi, kang oman hehe
(hatur nuhun kang...tos terang hartosna ayeuna mah)
upami kenging ngiringan usul mah "Kaseundeuhan" sigana sae Ua Sas..
 
hehe punten ah.. ieu lauk buruk milu mijah
 
hatur nuhun,
~ina


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke