Oman Abdurahman wrote: > > Wa'alaikum salam wr wb., > > Kang, punten dijapri bae. > > Aya sababaraha pilihan ti Bandung ka Cianjur make kandaraan salaian > ti kandaraan umum jeung kandaraan pribadi. Nyaeta: 1. make taxi > dalam kota, 2. ngagunakeun jasa angkutan 4848, 3. nyewa mobil. > Sadayana ngagaduhan kakirangan sareng kaleuwihan sewang-sewangan. > > Upami ti Bandung ka Cianjur kana Taxi biasa (taxi dalam kota) sigana > awis, tiasa dugi ka Rp 150.000 sakali jalan. Laluasa memang da ku > sorangan, tapi kaamanan rada kurang kajamin, komo pangawakan awewe > rada rentan ku bahaya. > > Aya pilihan sanes, nganggo jasa angkutan 4848, ongkosna sigana baris > ditarik ongkos Jakarta (kl. Rp 125.000-an per orang), ngan calikna > dihijikeun sareng panumpang sanes (disamobilkeun), mobilna sedan > model lami anu raoseun (mercy atawa kingswood). Samobil biasana > opatan kalima supir (di payun duaan, dipengker tiluan). Ieu leuheung > rada aman, ngan kudu mesen tempat heula ka pusat 4848 (viaduc, jl > suniaraja). > > Katilu, make mobil sewaan. Nu ieu kudu dihubungkeun sareng anu tos > biasa, utamana dina milih supirna kedah anu sae sareng kedah pesen > heula. Sewa mobil sapoe-sapeuting antara Rp 200.000 dugi ka Rp > 300.000, gumantung mobilna, bensin sareng supir ti urang. Upami ukur > nganteurkeun mah Rp 200.000 oge kersaeun kalebet buruh supir. > > Sakitu bae, pamugi aya manfaatna. > > Baktosna, > manAR
Hatur nuhun wargi kusnet sadaya sareng Uwa manAR kana infona, jadi lamun sikuring pulkam jeng keluarga aya gambaran naek-naon mun ti bdg - cjr, pan biasana ti bandara naek damri ka gambir terus naek kareta ka bdg, atawa ka bgr ti bandara teh naek damri, terus nyambung ka cjr naek umum (hoyong pulkam oge yeuh, tos sababaraha lebara di lembur batur terus, oge meureun mun lebaran engke pulkam bisa ngiring ka cimalati hehehhehe.., tpi can daftar kumargi can pasti pulang henteuna). Perkawis jikan, tadi wengi sikuring nelpon ka bdg (jikan) sareng ka cjr, saurna jikanteh atos nelpon oge ka cjr, jadina ti cjr bade milarian supirna disarengan ku adi anu bungsu ngajeput ka bdg, mungkin minggu tos lohor ti cjr ngajeputna, kumargi jikan aya acara kuriling bdg saurna ti panitia dinten minggu enjing-enjing, jadi di cjr ngendong malem senen + malem salasa, enjing-enjingna rek ngenta dianterkeun ka bogor ka pul damri anu ka cengkareng, langsung ka pdg, ti bkt kuring meuren jeput ka tabing. Panutupana sore saptu di sapoy hotel saurna, kamarige cenah beres latihan sore-sore di ajak jalan ka "kampung daun"? palebah mana etateh Uwa? cenah siga di puncak, kota bdg katingali. Eta Uwa masalah Taxi (transport umun di Bdg/cjr mah rada hesenya ?), cacak di bkt mah kota letik, taxi teh aya kana 7 parusahaan komo di pdgna mah, acan travel-travel. Komo ayeunamah sanges terminal di pdg di pindah ka tempat anu anyar (rada jauh ti kota), bus-bus gede jadi jauh kakota/teu bisa abus kakota kudu nyambung deui make bis kota atawa angkot mun ka kota pdg teh, Bus rada teu laku, tapi rea mobil kijang atawa kuda atawa panter plat hideng karongsi (pokona anu mobil kaluaran thn 2000) , aya anu 10 unit, 15 unit nyarieun travel/grup keur angkutan bkt - pdg, bkt pk.baru atawa ka kota-kota lain, tapi kitu panumpangna dihijikeu samobil 9 urang, ongkosna bkt - pdg murah deuih ngan 10 ribu (tos di lebet kota pdg), mun kana taxi mah 150 rebu, 125 rebu oge ayeunamah di barawa da kaelehkeun ku mobil plat hideung. Padahal meureun bdg - cjr jarakna ampir sarua pdg-bkt, pdg - bkt jarakna kurang lewih 95 kilo meter (2 jam perjalanan). Lamun kana bus bkt - pdg ngan 7 rebu tapi teu pati laku (parareum ayeunamah usaha bus teh katinggalina, ngan aya hiji pausahaan ANS, asalnamah rea), ari kana travel mah 20 rebu, lewihna di antar jeput ka imah atawa ka tujuan, mobilna L300 panumpang 10 urang. Ari ayeuna kana bus Bdg-cjr-Jkt sabaraha ongkosna?, jigana laku keneh kana karetanya? salam Hendra ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

