Budaya ngahuma di Kasepuhan Banten Kidul Sinareng Urang Kanekes
Deungeut ayeuna lamun ku urang disidik-sidik yen US teh geus ti baheulana
US mah kalebet masyarakat agraris. Panginten kuurang mah tos uninga, ditanah Pasundan
seueur sawah ti tungtung nugi ka tungtung. Eta teh netelakeun karuhun/nenek-moyang urang teh
resep tatanen . Tapi panginten ku urang tos uninga da di urang mah kapungkurna
na mah sanes nyawah tapi huma, mun kuurang di taliti, aya oge budaya sawah tapi sawah na teh
sanes sawah kawas di urang deungeun, meureun budaya sawah teh baheula na
kungsi dipake di tatar Galuh. Tah di Pakuan mah Huma. Panginten budaya huma mah ayeuna tos
hese dipendakanna. Tapi di daerah banten nu wruh Urang Kanekes budaya huma mah masih keneh.
Lamun urang tilik-tilik yen budaya ngahuma mah leuwih ramah lingkungan.
Kusabab ngahuma mah ngan satahun sakali.
Trus da melak parena oge di gunung-gunung paragina
lantaran di Urang Kanekes teh aya disebat Ruang Kelola Warga Adat nyaeta
1. Leuweung titipan
2. Leuweung Kolot
3. Leuweung Buka
4. Bahan Pileumbureun

Cirina LEUWEUNG KOLOT
leweungna aya cai nyusu,leuweung kanggo incu-putu nu bakal datang,
jalema meunang asup lamun aya izin di sesepuh (kokolot)

sedengkeun leweng buka teh biasana sok dianggo kangge ngabuka huma, apanan parantos ngahuma teh si taneuh nu geus dipake ngahuma teh sina gembur deui dijanteunkeun rema .
sedengkeun Cara-cara ngagarap na teh nyeta,
leuweung -> dicacar -> dihuru -> diduruk -> dikeruk -> diaseuk -> dikored
-> dirambas -> diberak -> pare reuneuh -> dibalungbang -> pare gede -> dibuat -> jami
-> panen -> dilantay -> dipocong -> direngkeun -> ngunjal -> dileuit ->ditutu -> nganyaran -> ngajakat

Tah lamun kuurang ditaliti yen Urang Kanekes atanapi Urang Kasepuhan mah tara kakurangan sangu
ku lantaran pare teh disimpen di leuit. Sabab kuring waktos ka Kasepuhan sareng kanekes, mun urang tatamu
pasti disuguhan sangu nu ngebul keneh nukarek mawa ti leuit. Jadi Urang Kanekes sareng Kasepuhan mah tara kakirangan sangu.

Tah nu kedah janten conto mah, Urang Kanekes sareng Kasepuhan mah hirupna handap ashor.
Lantaran manehna mah hirupna ngandeulkeun ti hasil tatanen ti lingkunganna. Teras di Kanekes mah teu paduli masyarakat biasa
atawa Jarona pasti migawe tatani. Tapi mun ku urang samikeun jeung Masyarakat Adat urang deungen yen raja mah tara kamana-mana
ngan tinggal dahar weh, jeung mun hayang patimu mah hese. Benteun deui jeung Urang Kanekes, nu ngarana jaro teh sarua bae jeung masyarakat
biasa manehna apanan mun tea mah disebat raja tapi pakean jeung kalakuanmah sarua bae sok tatanen deui, jeung sederhana.
Tah mun urang nyimpang ka imah jaro komo di Cikeusik, Cibeo atawa Cikertawana nu disebat Tilu tangtu, mun urang ditarima ku maranehna urang pasti
disuguhan kopi, gula kawung, jeung caina. eta teh netelakeun mun tea mah egaliter ceuk bahasa kerennamah. Tapi
hirup sederhana di gunung Sangga Buana keur Urang Kanekes mah pinuh patarosan
naha ieu nu disebat "Nyumput Buni dinu caang Negrak bari teu Katara" tah
anging Alloh nu Maha Terang mah urang mah urang tenden di handeulem siem
urang tunda dihanjuang siang geusan alaeun seja ayeuna sampeureun jaga

Wassalam
Yayan-M
Yayan-M
ALL-NEW Yahoo! Messenger - all new features - even more fun!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.