Kang Shaman,
Punten nembe di waler, kamari tabuh tilu dugi ka sonten aya peryogi.
 
Muhun panginten, di majalengka kirang lengkap peralatanana.tapi upami masalah tebihna mah..duka sapertos na mah sami wae..
Muhun atuh sing lungsur langsar , wilujeng gaduh alo...mugia ieu tiasa ngabeberag manah, kanu nuju berduka , gentosna bapak panginten kang....
 
Pami bade amengan mah ka talaga, sakantenan wee ka bantarujeg ameng ka abdi, caket ieuh, ke urang amengan apruk2an ka lemah sugih, mapay2 gunung, da jalana mah sae....resep kana motor...eh janten ngacapruk.
 
Nia
-----Original Message-----
From: Jalak Harupat [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: October 11, 2004 4:30 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: [Urang Sunda] naha caket Talaga-Rs.Kuningan?

Teh Nia di Multipolar,

Naha caket ti Talaga ka-RS Kuningan?

Lanceuk ipar babaran di Talaga (da urang Talaga) di RS Kuningan putra kahiji deui, naha heunteu di RS Majalengkanya? Caket mana teh Nia? Wartosna mah di inkubator da lemah, duh mugia sing salamet.

Mungguh hirup, kamari bapa teu aya, ayeuna lanceuk babaran, asa pagalo.....teu pararuguh bade sedih aya kabungah bade bungah masih keneh kasedih. Mungguhing hirup......asa karek manggihan.

Asa hayang deui mapay-mapay kadinya can loma jeung daerah wetan teh(urang Darmaraja mah nyebatna wetan ka Talaga-Lemahputih sareng daerah palih dinya).

Jalak



Sumedang Tandang Nyandang Kahayang


Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke