Assalamu'alaikum...
Sanes baraya,.. ieu mah sim kuring keur nyawang mangsa
10 taun katukang taun 1994, waktos si kuring ngiring
kang Iman, baturan sakola, anu keur mulang ka lemburna
ka Cisewu-Garut. Harita teh kuring ngiring anjeuna
leos ka Cisewu teh gaduh maksad hoyong ngalongok
piindungeun budak anu nuju KKN di wewengkon Gelar
Pawitan kecamatan Cidaun-Cianjur. Ceuk urang lembur
Cisewu mah langkung caket lamun mapah ti Cisewu-Garut
ka Cidaun-Cianjur tibatan ngaliwatan jalur Cianjur
ngidul ka Bayongbong-Cidaun. Lamun kana jalur Cianjur
ngidul mah kedah nganggo angkutan Elf anu
kinten-kinten kana 5-6 jam-eun jeung jalan na oge awon
teu ngarenaheun (duka ketang da eta mah ceuk batur...)
Ceuk kang Iman teh, ah mending oge mapah seeur
deudeuleueun sapapanjang jalan komo deui bari olahraga
jeung irit deuih.
Der harita teh ti wanci subuh tas sholat, kuring duaan
leumpang mapay-mapay sawah, mipir-mipir gawir, los
asup jeroning leuweng, meuntas walungan, ngalangkungan
sasak tangkal awi. Duka tah kuring mah teu patos
terangeun eta ngalangkungan gunung/bukit naon wae.
Henteu bebekelan pisan, nya alhamdulillah aya wae eta
dulurna kang Iman anu linggih di wates Garut-Cianjur
(teuing naon ngaran lemburna teh poho deui...)anu
begeur pisan dugikeun ka marencit hayam sagala kanggo
nyayagikeun tuang siang urang duaan.
Manawi teh leres cariosan urang lembur Cisewu teh,
lamun mapah teh mung 5 jam-eun ti Cisewu ka Cidaun,
sing horeng teh dugikeun ka lembur Gelar Pawitan wanci
isya pisan karek jol nepi di bumina pa kuwu Gelar
Pawitan. Teuing eta urang lembur Cisewu na anu
ngawadul bisa 5 jam-eun mapah teh, teuing urang na anu
boyot.
Hanjakalna deui, tacan kungsi sosonoan heula ka
piindungeun budak harita, tos kabujeng kedah wangsul
deui ka Cisewu enjing-enjing pasusubuh. Sieun peuting
teuing ditengah jalan, cenah ceuk kang Iman teh. Duh
deudeuh teuing uing harita can oge ngobrol-ngobrol
acan geus kudu balik deui. Ambek we nu aya ka kang
Iman sapanjang jalan balik.
Dugikeun ka Cisewu mah sami wanci Isya. Eta suku jeung
tonggong pararegel asa dibetot. Awak asa teu
pararuguh� Tapi alhamdulillah, eta lalampahan teh
ayeuna tos batian. Tilu deuih batina he� he he he
Cag ah...
Baktos,
=Abah na Ojan, Kemal & Tara=
_______________________________
Do you Yahoo!?
Declare Yourself - Register online to vote today!
http://vote.yahoo.com
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/