semester ieu teh boga hancengan nyieun pabukon tea di sumedang. kaleresan aya dua baraya nu kersa janten seksi ingkig alias nu ngurus pengadaan bukuna, kang Boim sareng teh Eli Julia. masing-masing di dua tempat nu beda. lumayan tah, aya pabukon dua tempat di Sumedang.
kamari dana pabukon nu di wado, teh eli julia tos di tansfer sajuta ka anjeuna. teh Eli Julia nu bade balanja sareng sakantenan ngintunkeun buku-bukuna ka wado. kalih ti eta, di Sukabumi aya hiji, di Sagaranten tea, nu ieu kabeneran aya babaturan ulin boga cita-cita sarua. nya ku manehna di urus. kamari teh menta dana jang nyieun rak buku cenah, ngan si kuring keur pakepuk pisan. ke ari panggih. buku-buku barudak nu basa inggris kintunan teh netty ti Texas parantos dikintun ka pabukon cianjur (ngalangkungan ua sasmita, sareng singaparna- nu ieu mah ngalangkungan 4848). bulan-bulan kamari , aya sumbangan buku kumpulan carpon basa sunda ti pangarang sunda ti PP SS. oge Mangle ti teh Lin. nya diselapkeun kana kardus. sakitu laporan kagiatan yayasan perceka dina widang pabukon simpay katresna (psk). ngan di web yp.urang-sunda.or.id, asa can kacatet alamat pabukon Sumedang. ke urang lengkepan. alamatna urang korehan. ka sugri nu bade ngiringan nyumbang buku-buku bacaan, tiasa langsung ngintun buku ka alamat masing-masing. alamatna aya di web http://yp.urang-sunda.or.id/psk.htm kaci pisan nyumbang dumasar sarakan masing-masing baraya kusnet. kuduna mah munggah ieu teh, balik heula ka lembur, tapi hese uget ayeuna mah. mj http://geocities.com/mangjamal ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> $9.95 domain names from Yahoo!. Register anything. http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

