Baraya sunda saalam dunya, boh wargi enggal atanapi nu tos heubeul, boh nu tos huisan atanapi anu teu acan, kum we ka sadayana. Ieu mah etang-etang ngabejaan bulu tuur ( bulu luhureun tuur ge dibejaan da bilih sirikeun ), urang ngarahul bin ngacapruk bari sakantenan ngantosan sora bedug ( sugan we aya nu nakol ). Mangga urang kawitan.
 
Dumeh kamari didieu disabit sabit yen urang sunda teh resep heureuy alias resep banyol, ayeuna urang guar naha leres urang sunda teh raresep heureuy? Tapi naon hubunganana resep heureuy sareng tereh huisan? Jawabna teu aya hubungan nanaon, da cenah nu resep heureuy mah tara gancang huisan, kitu pamendak ki Cakakak dina salahsahiji panganteur buku humorna. Matakna urang sunda mah rata rata resep heureuy da panginten sieun tereh huisan tea. "Geuning kuring resep heureuy, angger we huis mah rebung !" ceuk hiji jalma satengah protes. Sanes resep heureuyna anu teu tiasa nyegah, tapi sakadang huisna we eta mah mantangul.
 
Urang sunda tikapungkur tos dicap resep heureuy, matak aya salah sahiji grup band ti Bandung anu personilna panginten rereana urang sunda,nami grupna dingaranan "Seurieus" da panginten bilih disangka heuheureuyan. Tah ayeuna, naha ari nu sok heureuy tara bisa seurieus atawa sabalikna nu seurieus tara bisa heureuy ? Mun jawabanana enya, asana  wadul. Saur saha nu seurieus tara bisa heureuy, contona kieu , hiji mangsa jalma  seurieus di tawaran wanoja. "Lur aya wanoja herang euy !"pokna. " Keun urang heureuyan !" tembalna seurieus. Kitu deui anu sok heureuy, waktu ditanya ku calon mertuana. " Kumaha hidep teh bade seurieus atawa saheureuyeun ka anak bapa teh ?" Pasti jawabna " Bade seurieus !" Pisakumahaeun mun dijawab saheureuyeun.
 
Heureuy sunda tikapungkur sok identik sareng cawokah, matak karuhun baheula mah mun mere ngaran atawa istilah teh sok tara tebih tidinya. Contona aya istilah kanjut kundang, ngokos gula sareng kalapa ( tah muhun eta...mangga harewoskeun wae) , oge ngaran lembur aya (punten) Cibaok, Ciburahol, Ciburayot, Sekejendil, jrrd. Atuh dina dongeng dongengna teu weleh sok diselapan kuheureuy tur dibumbuan ku cawokah. Najan resep heureuy ge, kolot baheula ari tos aki aki mah tetep we geuning huisan. Tuh nya pan geus jig deui ka huis deui, padahal enya antara huis sareng heureuy teh teu aya hubungan nanaon sanes baraya, deungeun deungeun oge sanes.
 
Tos ah bilih tambih lieur, ngan sok hoyong terang we ari parawargi tos aya huisan atanapi teu acan ? Upami tos aya cobi etang huisna, teras tambihkeun sareng nuhideungna pasti jumlahna sami sareng jumlah rambut nu aya dimastaka. He he.
Hapunten, cag !
syam ridwan
(mun keur heureuy sok hayang heureuy, mun keur seurieus sok hayang heureuy oge )


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke